Ari ceuk kuring mah, lamun ningali sosok urang Sunda, urang sok teh
"tanggah" wae. Naha urang Sunda teu aya nu jadi pamingpin, naha urang
sunda teh melempem da ditingalina nya nu jadi menteri jadi presiden pokona
mah jabatan nu hebat-hebat. Tah ayeuna kumaha lamun ningali kumaha
kahirupan urang Sunda nu "biasa-biasa" wae. Aya henteu picontoeunana?.
Sabab ceuk kuring mah keur naon aya urang sunda jadi pamingpin, ari urang
sundana sorangan raripuh keneh mah.

Kamari dina Kompas, aya "profesor" Sutera nu urang Sunda. Waktu kuring
baheula asup ka jero kalimantan, di kota Sanggau Kalbar aya rumah makan
jeung panginepan (pangalusna harita mah) boga pa Haji urang Tasik. Di
Kampung Jawa di Minahasa (kampung Muslim tempat Makam Kyai Mojo), aya
toko, rada kaget oge, waktu terang manehna teh Urang Sunda (Tasik deui!)
Jeung ditempat-tempat sejenna nu nunjukkeun yen aya sabagian urang sunda
nu boga jiwa wiraswasta, pionir jeung wani nyandak resiko. Ceuk cenah mah
sifat ieu teh diperyogikeun pisan jaman ayeuna mah, jaman kudu bisa
"bersaing".

Tah kumaha lamun sifat ieu teh diguar, disebarkeun keur ngarobah sifat
urang sunda nu sejenna nu kurang kawani nyandak resiko (ulah siga  kuring
....hehehe, geus kolot kieu, pagawean teh ngan digajih batur we, teu bisa
nyiptakeun lapangan pagawean keur batur). Tapi kudu kumaha carana nya? ku
pendidikan atawa ku sikep lingkunganana nu ngahargaan pisan ka jelema
pioner, wani nyandak resiko. Biasana lingkungan nu ngadorong jalmi sina
wani dina usaha, sok rada materialistis, nu memang rada patojaiyah jeung
anggapan umum yen sikep materialistis teh goreng.

Sok tah kumaha baraya?

Baktos,
WALUYA




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke