Kahatur:
Kang Rahmat
Rencana pangwangunan bandara di Majalengka leres tos ditetepkeun ku Gubernur. Kawitna di sebat Bandara Palasah, ayeuna mah disebatna Kertajati. Parantos lami Pemda Jabar hoyong bandara internasional sorangan. Mung bade ngembangkeun Husen Sastranegara tos mentok, sareng Husen mah angger disebatna oge Pangkalan TNI AU. Bade ngembangkeun Kalijati, saurna cakey teuing ka Cengkareng. Nya dipilih Palasah atanapi Kertajati tea, kumargi wilayah Cirebon kalebet Pusat Kegiatan Nasional (PKN) sagigireun Bandung Raya sareng Jabodebek.
Rarancang mah parantos ti tahun 2003 upami teu lepat mah. Leres pangwangunan jalan Cisumdawu (Cileunyi-Sumedang-Dawuan) dina rarangka ngadukung pangwangunan Bandara Internasional tea.
Upami "Cetak Biru" anu lengkep, abdi kedah milari heula. Mangga upami parantos aya ku abdi disanggakeun. Upami bentukna buku laporan kumaha? Kedah dikamanakeun?
Hatur nuhun,
ika
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Minggu kamari kuring teh ngabantuan rerencangan (urang
Jawa) anu nikahkeun putrana. teu ku hanteu, ngobrol
ngaler-ngidul sareng saderekna anu gaduh pangalaman
lami di widang birokrasi pamarentahan.
Waktos ditaros asal kuring ti Majalengka, atuh
anjeunna teh mani pogot nyarios, cenah di wewengkon
Majalengka teh bade dibangun Bandar udara, anu aya di
tilu wewengkon kacamatan. Luasna teh aya kana 3000
hektar. Malihan mah ayeuna oge tos diayakeun
"pembebasan tanah", saur manehna teh deui.
Tapi obrolan kapegat ku para kadongkapan para tamu
ondangan. janten informasina teu patos lengkap.
Ras inget padungdengan di KUSnet sawatara kalangkung,
cenah bade dibangun jalan tol ti Bandung ka Cirebon,
ngalangkungan wewengkon Majalengka. Boa-boa
pembangunan ieu teh aya hubunganana sareng Bandara anu
bade di bangun di Majalengka.
Ku kituna kuring meredih ka Teh Ika Mardiah,
nyuhunkeun "dibocorkeun" di KUSnet ieu, naha leres aya
rencana pembangunan Bandara eta teh. Kumaha saleresna
"cetak biru" pembangunan eta teh.
Kuring gaduh sawangan, hoyong ngiring ngabantu
nyosialisasikeun hal ieu pieun masyarakat Majalengka,
utamina mah kanggo ngaronjatkeun perekonomian sareng
kasejahteraan masyarakat. Ieu oge panginten PR pikeun
DES (Dewan Ekonomi Sunda) anu digagas ku Kang Runa.
Pembangunan bandara ieu, aya dampak anu ageung pikeun
masyarakat Majalengka. Upami teu tatan-tatan ti
ayeuna, tiasa ngabalukarkeun hal anu negatif.
Hatur nuhun kana perhatosan teh Ika Mardiah.
baktosna,
mrachmatrawyani
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

