Pulisi pangkat luhur mah umumna lubak-libuk ku artos, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah. Tapi ieu pulisi anu ngajabat, lamun henteu mah, sanajan pangkat luhur oge, nya .....ngahuleng we, ngalamot curuk. Biasana pulisi "sial" ieu, nu ditempatkeun di Mabes, tapi teu boga jabatan, pangkatna mah laluhur. Istilahna mah di mabeskeun.
Ngan ari dugi ka gaduh kakayaan tepi ka satriliyun langkung mah, asa kacida teuing. Naha leres ieu teh? margi artos satriliyun teh sanes artos sakedik. Jembatan layang Pasopati di Bandung, biayana ngan satengah triliyun. Janten upami leres kakayaanana dugi ka sakitu, kanggo nyambungkeun Jawa sareng Sumatera teu kedah nambut ka luar negeri, nambut we ka Pa Pulisi .....hehehehe Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

