|
Baraya us..........
Salian ti kajadian pulisi neunggeulan pulisi
seueur keneh perkara kakerasan di urang teh, antarana mahasiswa iain
padang demo lantaran kudu mayar rp.75 rebu
sataun keur biaya praktek komputer, terus ngamuk ngaruksak kampus nepi ka salah
sahiji dosena digebugan. Astagfirullahal azhim! eta nu keur tolabul ilmi tega nya
neunggeulan ustadzna?. Mahasiswa iain deuih, anu mun tamat gelarna teh s.ag
(sarjana agama, sanes sarjana ahli galpehÂ… he3x). Ari di unhas mahasiswa teknik
jeung mahasiswa sosial anu garelut teh, nu raheutna oge nepi ka puluhan diangkut
ka rumah sakit. Di jawa (duka tengah duka wetan) barudak sma nu teu lulus un
tahap-2 ngamuk ngaruksak sakola, atuh barudak teh ditewakan pulisi, indungna
careurik bapana milu ngamuk. Di stpdn/ipdn jatinangor-sumedang panyiksaan praja
senior ka yunior masih keneh aya malah wartawan ge digebug ku budak stpdn mah, 9
praja nu kalibet maehan praja yuniorna (mun teu salah ngarana wahyu, urang
sunda) sabaraha bulan katukang geus diwisuda, perkarana duka kumaha tungtungna
da dibelaan bae ku pejabat stpdn utamana ku pejabat nu ngaran nyoman sumardi
(dina koran pernah diisukeun manehna teh dibayar/disogok , tapi ngabantahÂ….. nya
puguh we, mana aya bangsat ngaku mun teu digebugan heula mah).
Kamari bonek surabaya ngamuk di stasiun kareta api
lantaran hayang nyuporteran persebaya di senayan
jakarta kalawan numpak kareta api-na
gratis, atuh kareta api diruksak dibaledogan, relna dihalangan balok kayu. Di
pelabuhan makasar supporter psm ngamuk pedah hayang ka senayan numpak kapal laut
(gn. Kerinci) dihalangan ku pulisi, tapi untung pelni jeung pangurus psm-na
ngelehan, psm mangmayarkeun karcis pelni mere diskon 50%. Di stadion lebak bulus
pamaen jeung manajer persib (erik, boy jeung chandra) digebugan ku supporter
persija, beusna dibaledogan nepi ka kacana ancur. Eta kalakuan jakmania kitu
patut teh dibelaan ku pangurus persija nu batak wungkul kitu deui ku pssi teu
meunang hukuman, aneh nya!
Kunaon nya bangsa urang the bet
jadi gampang ambek jeung hampang leungeun?
Mudah mudahan urang sunda nu handap asor tong
jadi tumbal situasi atwa obyek kekerasan siga di iptn atawa di
bogor.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|