Kabeneran ayeuna ieu si kuring anu keur di Al Wasilah-Garut bisa akses internet. Kataji ku soal pakean pangsi jeung iket ciri budaya urang, pakait jeung anu kasaksian di Al Wasilah salila ieu, jorojoy hayang mairan.
Di Al Wasilah, Kang Ajenganana, KH Thontowi Djauhari Musaddad, rada "nyentrik", sadidintenna anjeunna henteu nganggo peci, balikta bendo (iket). Malah lain anjeunna wae anu nganggo iket teh, oge para santrina. Ngan hanjakal, model iketna-ceuk si kuring mah, model iket (bendo) mataraman, lain barangbang semplak.
Ngeunaan usulan Kang MH, sapuk pisan. Kabeneran, kamari, Ceu Nina Lubis nalika ngadugikeun materi Sajarah di daurah (neuleuman; pendalaman) peran ulama tingkat nasional Al WAsilah ieu ngadadarkeun ajen penting pahlawan wanoja urang, nyatana Rd. Dewi Sartika tea.
Gede wawanen oge ceu Nina teh, di payuneun ulama/kiyai pamilon daurah wawakil ti sakuliah Indonesia-ngadugikeun ajen Rd Dewi Sartika langkung onjoy ti Rd Ajeng Kartini. Sakuduna urang mieling Rd Dewi Sartika kalawan daria, diantaran ku papakean ciri budaya urang nalika poean mielingna.
baktos,
manAR
On 9/22/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MJ, jigana mah kudu dibalakkan. Sugan bisa KUSNET
ngayakeun acara milangkala tokoh Sunda, misalna Dewi
Sartika atawa tokoh sejenna. Dina eta acara pakeanana
lalaki kudu make pangsi jeung iket barangbang semplak.
Hehehe.
Salam,
MH
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> biasana ondangan mah make tenda biru tea.
>
> tapi nu jadi masalah pribadi keur kuring naha kudu
> jas? lain batik bae
> supaya rada nasional kitu tah.
>
> mj
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

