MJ, kuring mah yakin, eta nu dipostingkeun ngan ukur mangrupa tulisan. Yakin, moal aya jurusawer nu daek ngawihkeunana. Najan "anjarmara" pangantenan, yakin moal daekeun disawer make kawih jiga kitu. Hehehe.
 
==
mh

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

1.soal lain seni, sabab loba jelema nganggap  nu kieu oge seni.  seni
aku2an wungkul, lain dumasar kana pangakuan umum (hartina enya sok dipake
pikeun nyawer). dasarna ngan ceuk cenah yen eta teh paranti nyawer dina
kawinan us.
jadi seni soteh mun geus (enya kungsi) dihaleuangkeun. eta mah karek
tulisan. paling copel sajak/puisi cawokah, meureun.

mun keukeuh hayang asup seni. mangga teh teuing. tapi seni baheula. keur
urang sunda belegug keneh.

2.bongan susundaan, nya kapaksa nurutan pamadegan prof. Yusuf Affendi basa
nyebut yen karya Tisna lain karya seni. nu nyangkutkeun seni jeung etika
sosial budaya nu hirup kumbuh di masyrakat.
logikana: seni boga wates dina soal kasantunan. sopan. etika (niley ideal)
nu hirup di masyarakatna. dina sabagean karya tisna aya tulisan ngeunaan
tarip ka wc tur make basa barudak 'jalanan' sapopoe. teu kudu ditulis
meureun di dieu da apal.

naon nu aya ayeuna mucunghul di urang/masyarakat can tangtu bener cek
etika, komo make etika sunda. model foto taranjang anjasmara, eta teh snob
kapitalis anyar urang jakarta nu hayang asup kana budaya kontemporer,
sangkan teu kasebut tinggaleun.

conto karya seni rupa: karya Seni instalasi Tisna, pajuliwet karuh
noongna. karyana aya dina dataran seni modern, nu kontemporerna pisan
malah.  nu disebut seni instalasi make awi, tapi tulisanana (karek apal si
kuring) make basa sunda. jadi si kuring oge lieur. tabrakan budaya.

3. konsekwen salaku kuncen. baheula, kungsi aya nu ngirim eta, kuring
ngalarang. ayeuna oge angger ngalarang jeung nyarekan. nu ieu sabenerna
alesan  nomer hiji. seni atawa lain seni teu pati penting da matak moal
turun BBM. adat nu anyar gabung bari teu maca aturan nu dipostingkeun ka
unggal anggota anyar, kitu balukarna.

4. Sunda loba cabang atawa jurusanan. kaasup sunda cawokah nu jurusana
hal-hal nu jorang. kaci soteh dina lingkungan husus. teu di tempat umum
siga milis KUSnet. kahayang mah KUSnet teh Sunda nu santun.

5. tulisan pikeun sawer eta nunjukkeun urang sunda teh bodo bin belegug.
lagu atawa sajak nepi ka kudu sajentrena, parabot disebutan. biasa atawa
umumna panyajak atawa juru kawih sok make lambang, simbol atawa metafora
cek elmuning sastra-winata mah.

6. geus ah.

mj

http://geocities.com/mangjamal









=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke