Hatur nuhun. Upami pasantren miftahul huda hoyong buku-buku sajarah ( tokoh islam, sunda, atanapi nasional), oge buku-buku ngeunaan peternakan, pertanian, sareng perikanan.
Insya Allah, abdi bade ngiring nambihan kanggo meser bukuna. Upami teu aya pamengan, sasih oktober abdi bade ngalongok deui eta pasantren. Kahoyong mah bari nyandak buku tea. Bilih ti KUSnet aya nu bde ngiring, sae pisan.
Baktos,
ika
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga teh.
sistem Pabukon saleresna mah kitu, aya baraya KUSnet ngulampreng ka hiji
lembur atanapi mulang ka lemburna nyalira, milari baraya nu kersa
dititipan buku kanggo barudak. teras lapor ka abdi, data alamat sareng nu
ngurus. abdi meser buku2 langsung ka penerbit (supados rada mirah aya
diskon). teras dikintun. satiasa-tiasa, dikintun oge ku urang KUSnet
sakantenan mulang ka lembur. upami henteu nya ngangge pos/tiki/4848.
program ieu rencana mah bade manjang satiasana. dan nembe program pabukon
ieu nu tiasa sareng katanagaan, sanaos tara dilongokan, ngandelkeun baraya
KUSnet sanesna
nuhun
MJ
-------------
Kahatur:
MJ
Waktos abdi ka karawang, dinten Saptu (24 September) aya desa di Kecamatan
Rawamerta
hoyong pabukon. Desa na aya dina binaan YKAI (Yayasan Kesejahteraan Anak
Indonesia)
nu tujuanna nyegah perdagangan anak. Di desa eta tos aya Radio Komunitas nu
jangkauana 3 kecamatan. Janten tempay ngumpul barudak. Kahoyongna di
sagigireun
RAKOM aya Pabukon.
Sae oge panginten upami YP kerjasama sareng YKAI?
Kamari abdi ti Taraju, Tasikmalaya. Aya pasantren (Miftahul Huda) anu nuju
ngarintis
Pabukon. Kumaha upami dikintun buku?
Punten bilih nyanyahoanan abdi.
Baktos,
ika
mj
http://geocities.com/mangjamal
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

