|
DILANDIH si pelung
soteh pedah kongkorongokna sok panglantasna, beda jeung hayam jago lianna. Putri
diuuuuuk...putri diuuuuuuk...! Sorana lir kuwung kuwung melengkung
aweuhanana parat ka lembur sejen. Sakapeung mah sok ngarasa aneh ka si pelung
teh, eta we kawas boga alarem sagala, saban geus teng janari,sok on
time tara elat pangheulana kongkorongok ngabejaan baturna. Kungsi hiji
waktu si pelung sore-sore keneh geus kongkorongok, ari pek teh isukna gujrud
cenah aya hansip kaperegok tas ti imah randa. Teuing tahayul teuing
bener, mun aya hayam kongrongok lain mangsa, totonden nek aya
bala'i atawa aya jalma anu ngalakukeun nirca.
Teu tisasarina, si
pelung can kadenge disada, padahal wanci geus ngahaeub ka janari
leutik. Hate jadi tugenah. Boa-boa si pelung teh hareeng, enya karek
inget, paingan kamari basa diparaban, nyatuna calam-celem. Dak dumadakan
deuih pitunduheun ge ngadadak leungit, parat nepi ka subuh teu sare deui,
kitu na mah pantes najan dipeureum peureumkeun ge ari pikiran nyaring mah
moal aya pitunduheun, pikiran manteng terus ka si
pelung.
Isukna buru-buru
kuring muru paranje, enya we simpe, biasana mun aya jalma kadinya, sok kadenge
cacakar bari keketok disada. Barang breh teh si pelung kasampak geus jeger, tina
irungna kaluar cai, lebah telihna semu geunteul. "Keuna pluh burung maneh teh
pelung, naha pan tara lunta lanto ka Ragunan lin ?" Paingan peuting kamari
ngimpi murag huntu, da meureun bakal kajadian kieu. Beh na mah basa kamari keur
dicoo teh,maneh teh meureun cumarita yen keur hareeng, heueuh hampura, rumasa
teu ngarti bahasa hayam, mun ngarti mah meureun ku dewek teh langsung we
dibawa ka dokter hewan. Kajeun di opname ge, dewek rido nungguan. Saterasna
mangga klik di http://payoez.multiply.com
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Si Pelung syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Si Pelung Kang Ule
- Re: [Urang Sunda] Si Pelung syam ridwan

