Bagea kang Yanto,
mangga wilujeng ngarieung di Lembur BaKus anu dipikameumeut tur dipikareueus ku urang sadaya.
sami sami nepangkeun, wasta sim kuring Cecep Wahyu, kawit ti Bandung ( Cicadas "Nagara Beling tea" ) ayeuna nuju nyiar rijki di Kep. Riau merenahna di P. Bintan pulo sagedengeun P. Batam.
 
mangga kang lajengkeun, mugia sing betah tumaninah...mangga geura guar pangalaman sareng pangaweruhna.. sim kuring mah biasa wae bagean mulungan...
 
Baktoz,


 
2005/10/1, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]>:

Sampurasun………………….!!!

 

Nepangkeun………………. Kawargi sadaya nu aya di Millist Kusnet.

Simkuring Yanto, ( da kuring mah aya terah UJ namung  ti ngawitan gubrag ka alam dunya dugi ka ageung di bandung ), dupi kawit mah   mah di dayeuh Bandung di leresan padasuka sagedengeun  saung  angklung Udjo, namung ayeuna nuju ngumbara/buburuh  di Korea,  simkuring uninga  Kusnet dipasihan terang ti   wargi urang keneh nu nuju mancen tugas di Korea oge sami anjeuna  ti Bandung,

Cekap mung sakitu heula, boh bilih aya seratan anu kirang merenah mugia kersa dihapunten.

Hatur nuhun ka Kuncen sadaya

Wassalam

Abah Aqis,

Busan  City Korea

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke