rizki tos aya nu ngatur om, lancah ge nu tara liliaran bisa hirup padahal teu pernah ingkah dina jaringna, bisa boga katuruna, komo urang makhluk pang sempurna na, kunaonnya sok rada loba ngeluh...wallahualam....

On 10/3/05, Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya beja ceunah nu teu ngadukung BBM naek per 1 Oktober teh PDIP jeung PKS.
 
Ari alesan PKS mah ceunah can waktuna naek. Kahayangna mah saeungeus Lebaran jeung naekna paling luhur 30% lain 80% siga ayeuna. Malah kuring meunang forward SMS ti Om Tifatul Sembiring nu netelakeun parteyna bakal protes ka SBY-JK lantaran usulanna teu digugu. Malah ceunah PKS bakal protes kalayan make jalan Demo, mun teu aya halangan sigana isukan, ceunah ieu oge.
 
Unggelna SMS teh kieu:

dr Pak Tifatul (Pres. PKS): "Innalillahi wa inna ilaihi rajiun, PKS akan PROTES KERAS kpd SBY-JK tentang diabaikannya tuntutan kita untuk menunda kenaikan bbm s/ setelah lebaran, dan maks kenaikan 30%. sebab keputusan ini sangat keterlaluan dan tidak berempati kepada kondisi ummat" .

Mudah-mudahan wae SBY-JK sadar jeung teu gengsi nurunkeun deui BBM. Kirang langkungna mangga baraya niley nyalira. Kuring mah lieur keneh. Ongkos Bensin nu baheula karak boga Supra X  cukup ku 6000 perak bensin full teng bisa ka Bandung balanja komputer or alat wartel, atawa ka Cianjur mulang ka lembur atawa ka Purwakarta bulak-balik. Terus naek jadi 9000 perak. Teuing tah mun ayeuna, mah??? Meureun kudu 15.000 rebu perak mah... Mangkaning wartel beuki sepi wae saingan jeung Hape.....

Gustiiiiiii....... Pasihan sim kuring kakiatan.... Lapangkeun rezeki abdi..! Lapangkeun oge rezeki dulur-dulur abdi. Amiiiinnn.....

Baktos,

Om TEDDY - Satria Penunggang Supra X



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke