Punten bade ngiring "ngarewong" naon anu nuju
dipadungdengkeun. Sanes bade mamatahan "ngojay" ka
meri, namung dina raraga silih mikasimbeuh informasi.
Upami teu lepat mah, kang Rahman teh ningali praktekna
hiji konsep nagara (liberal), sareng praktekna konsep
Islam dina hirup kumbuh sadidinten.
Panginten urang teh kedah ningali heula konsep-konsep
tina sumber anu jelas, sapertos konsep Islam anu
dipedarkeun ku Kang Oman. Nya kitu oge urang kedah
ningali konsep nagara liberal, konsep nagara
kesejahteraan, sareng konsep nagara sosialis.
Dina prak-prakanana tangtos eta konsep teh teu tiasa
100 persen dilarapkeun, sareng pasti aya pangaruh tina
konsep anu sanesna. Upami tos kitu mah urang tiasa
ningali prak-prakanana hiji konsep moal pati bingung
teuing.
Sapertos conto ayeuna di nagara-nagara Eropa teh anu
kapitalis, teu religius, tapi tiasa ngalarapkeun
perekonomian konsep perbankan sistem Syariah (agama
Islam), anu langkung "menekankan" sistem bagi hasil,
tibatan ngangge sistem bunga (riba). Malihan mah dina
taun 1992 pangeran Charles ngahadiran konperensi
internasional di Inggris anu nyawalakeun ekonomi
sistem syariah. (wartos ieu teh, juring kenging
ngupingkeun ti Gubernur BI Pa Burhanuddin abdullah).
Ari di Urang, nembe ayeuna (minggu ayeuna) Tabloid
Kontan (Kompas Grup),nembe nurunkeun wartos ngabangun
konsep ekonomi syariah.
baktos,
mrachmatrawyani
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Rahman sareng Kang Gibson,
> Seja ilubiung dina ieu jejer. Anu kapanggih ku
> kuring mah Islam sacara
> ajaran "justru" kacida ngawanti-wantina kana urusan
> ibadah sosial. Upama aya
> 5 dimensi dina agama, nyaeta intelektual, mistikal,
> ideologikal, ritual
> jeung sosial, anu pohara dikahareupkeunana ku Islam
> nya dimensi sosial
> pisan. Bukti-buktina kalintan ngaleuyahna.
> Dina agama Islam, nyoko kana wasiat Al Qur'an, 90%
> ayat-ayat Al Qur'an teh
> ngeunaan papagon, parentah jeung rekomendasi pakait
> jeung dimensi sosial. Al
> Qur'an sorangan dimimitian ku asma Alloh jeung
> ditungtungan ku kecap An-Naas
> (manusa salaku masyarakat). Pon kitu deui, loba
> ayat-ayat anu nerangkeun yen
> ibadah khusus (mahdloh) anu katinggaleun bisa
> digantian ku ibadah sosial;
> tapi teu bisa sabalikna. Oge dina sababaraha hal,
> ibadah mahdloh bisa
> ditinggalkeun (heula, cukup diwakilan ku sababaraha
> urang) lamun aya urusan
> sosial anu penting.
> Oge apan ceuk Al Qur'an keneh yen cirining
> ngabohongkeun agama teh eta
> kulantaran ninggalkeun urusan budak yatim jeung
> henteu ngokolakeun atawa
> ngentrukkeun sagala kamampu pikeun numpes
> kamiskinan. Jeung rea deui
> ayat-ayat anu ngagero kana urusan sosial.
> Kunaon bet kajadian siga anu dicaritakeun ku Kang
> Rahman? yen di
> nagara-nagara Islam nya masalah sosialna kaasup
> pangreana jeung pang
> parnana? Ceuk kuring mah aya sabab gede anu ngakar.
> Aya parobahan atawa
> kontaminasi kana konsep-konsep agama ti beh ditu
> keneh. Tegesna, agama anu
> dipake keur ngalanggengkeun kakawasaan kuat ka anu
> dirobah teh tug nepi kana
> platformna (hadist-hadist palsu anu ngukuhkeun
> pentingna ibadah ritual bari
> ngingkeun kana masalah kaadilan, jrrd).
> Padahal agama anu ngarojong dimensi sosial teh luyu
> pisan jeung enas-enasna
> kabudayaan, kabudayaan bangsa mana wae oge, sabab
> lebah dinyana mah
> universal, kaasup budaya Sunda. Kukituna, lamun
> urang seja neangan sinergi
> agama (Islam salaku mayoritas) jeung budaya (Sunda),
> wayahna, agama Islam
> anu jadi pangbalikan teh kudu Islam anu museurkeun
> perhatianana kana dimensi
> sosial, boh dina tataran konsep atawa
> prak-prakanana. Pon kitu deui, budaya
> Sunda anu diruju'na oge kudu kasundaan anu kandel
> dina lebah miara jeung
> ngaorojong ajegna dimensi sosial kahirupan.
> Cag.
> Baktos,
> manAR
> NB: ka milist kisunda jeung urangsunda, punten
> cross-posting
>
>
> On 10/3/05, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Haturan Kang Ahmad Gibson (AG),
> >
> >
> > Masalah deui wae Kang. Duka kuring mah kurang
> ngarti
> > kana aspek/dimensi sosial ibadah tea. Teu boga
> dalil2
> > he he he ngan loba contona. Dina masyarakat anu
> > disebut religius tea, sacara sosial puguh ripuh
> > geuning. Kuring kabeneran cicing di hiji
> masyarakat
> > anu teu religius. Kaayaan kahirupan sosialna 300%
> > leuwih hade jeung kaayaan masyarakat RI anu
> religius
> > (loba ibadah tea). Tah, kumaha deuih
> nerangkeunana?
> >
> > Punten Kang, sanes kritik ieu mah. Ngan langsung
> > panasaran we... hayang terang sambunganana.
> Susuganan
> > bisa tukeur pikiran, atuh kuring nu bodo bisa
> > kacipratan kanyaho ti nu sejen.
> >
> > Baktos,
> >
> > Rahman, Wassenaar/NL
> >
>
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/