|
Jaman
Kuring keur leutik dimajalengka
Lembur
kuring teh desa pisan, pasawahan jeung pagunungan, di tungtung desa (landeuheun
bumi bapak ), aya walungan cihieum dikenal sebutanana sasak cihieum padahal mah
teu hieum teu sing...,....tempat anu sok di jarugjud muda mudi ti sababaraha
desa keur ngabuburit,...atawa lari2 subuh, boh bulan puasa boh lain bulan puasa,
istilah na mah ..ngeceng cenah di dinya teh..( duka naon nu di kecengan
).
Tos
saur mani sok pinuh pabaliut, kitu oge pasosore...komo awal2 puasa mah..motor
mani gandeng...istri lalaki dariuk disisi sasak, terutama
remaja.
Abdi
mah SD keneh , siang2 teh ngojay di walungaa bulan puasa oge, da herang
harita mah caina oge...balik2 teh mani cenghar, panon beureum, sirah dung deng,
beuteung kemplu pinuh ku cai lebak....duka boa2 jeung hurang2na
kateleg...
Pasosore, ulin di sawah...nyedek magrib, mawa rantang
meser cingcau ka tatangga...
Menu
buka teh, gusti...harita,..asa teh mani rewog abdi mah....ayeuna mah
sakintenlah.....najan salaki dugi ka colohok oge....
Mangga
ah bade uih heula..
Nia
|
- RE: [Urang Sunda] ngabuburit Nia Sri Winiarsih
- Re: [Urang Sunda] ngabuburit Kang Ule
- Re: [Urang Sunda] ngabuburit iva wanti
- RE: [Urang Sunda] ngabuburit Giawati
- [Urang Sunda] Nyuhunkeun sasakala... Siddik Wiradireja
- [Urang Sunda] dongeng manuk c e n d e r a w... mh
- Re: [Urang Sunda] dongeng manuk c e n d... Siddik Wiradireja
- [Urang Sunda] Bagir Manan Saparakanca MRachmat Rawyani
- [Urang Sunda] Re: Bagir Manan Sapa... Ujang Kemod
- Re: [Urang Sunda] FITNAH !!! -... Akhmad Gunawan
- Re: [Urang Sunda] FITNAH !... asep juarna

