Ampir sami geuningan sareng pangalaman abdi kapungkur. Pami aya ceramah anu kalangkung kantun niron we ka rerencangan teras di cap-na seueur sabaraha lembar...heuheuheu.
Pami waktosna sholat taraweh. Nya kitu tea, abong budak sholatna bari heureuy tapi teu siga nu sanes sok bari bobogohan eta teh...:P
Pami ngabuburit mah sok amengna teh congkak, maen kartu bari nu eleh sok dibulaoan, maen kaulinan barudak we. Tah kitu pangalaman puasa nuju alit mah. Pami ayeuna mah ngabuburitna nya sareng baraya dina internet....hehehe
 
Neng Iva

Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
NEng... ari anu sosorodotan dugi ka.....*Sensored* soek, naha teu di carioskeun?
heuheuheuheu...
 
Kuring mah, moal nyaritakeun deui pangalaman keur baheula..da ampir sarua jeung kang Hepi, meureun tambahna.. meun geus Sahur, terus Shalat Subuh di Masjid.. diteruskeun ngiluan ceramah pagi.. dicatet dina buku tugas... ngenta tanda tangan ka penceramahna atawa ka Santri na.. terus di stempel... teu meunang bolong sanajan ngan sapoe. dimana keur males... teu ngiluan ceramah pagi di Mesjid.. kari niron anu babaturan ditambahan saeutik jang ngabedakeun, terus ngenta tanda tangan santri jeung stempelna...
 
 
ahh.. meun dicaritakeun mah panjang bisa siga Novel, keh nyaingan MJ deuih.. heuheuheu... loba anu badeurna daripada bageurna..
 
Baktos,
*Ule
 
 
2005/10/10, Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]>:
Jaman Kuring keur leutik dimajalengka
 
 
Abdi mah SD keneh , siang2 teh ngojay di walungaa bulan puasa oge, da herang harita mah caina oge...balik2 teh mani cenghar, panon beureum, sirah dung deng, beuteung kemplu pinuh ku cai lebak....duka boa2 jeung hurang2na kateleg...
 
Pasosore, ulin di sawah...nyedek magrib, mawa rantang meser cingcau ka tatangga...
Menu buka teh, gusti...harita,..asa teh mani rewog abdi mah....ayeuna mah sakintenlah.....najan salaki dugi ka colohok oge....
 
Mangga ah bade uih heula..
Nia
 


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke