Saleresna pola anu samodel kieu simkuring tos nitenan lawas tilawas. Sadayana kajadian teh sapertos aya skenariona sareng direkayasa. Aya hiji kajadian muncul deui kajadian sejena, kitu jeung kitu. Silih nutupan (kasus KPU, Ambalat, Polio, Flu Burung, Kanaekan BBM, Bom Bali II, ayeuna Cenah Bagir Manan, Teras ditambihan deui perkawis Surplus APBN tahun 2005).
Jadi saur simkuring mah teu aya istilah kabebasan pers teh, da tiasa katingal ku urang jigana media teh jiga anu disetir (eta mah pamikiran simkuring).
Jadi saur simkuring mah teu aya istilah kabebasan pers teh, da tiasa katingal ku urang jigana media teh jiga anu disetir (eta mah pamikiran simkuring).
Kamari2 pisan abdi maos dina koran kompas upami teu lepatmah, Menko Perekonomian nyebatkeun :saleresna perkawis kanggo nutupan APBN defisit teh aya dua alternatif nya eta naekeun harga BBP jeung ...duka tah hilap deui. Teras aya anu naros hiji wartawan, "kenapa mengambil menaikan BBM". Pa menteri teu ngajawab. (kalames-kelemes meureun, era teu bisa ngajawab)
Teras aya deui informasi, yen IMF atanapi Bank Dunia kitu hilap deui eung, nyebatkeun ngadukung kana kabijakan pamarentah RI perkawis kabijakan naekeun harga BBM anu di saluyukeun sareng mekanisme pasar dunia. Kuring janten langkung curiga wae, ieu teh tetep dina raraga skenariona IMF (para kapitalis dunia), model penjajahan anyar 'penjajahan eknomi'.
Teras pamarentah sok ngabanding-bandingkeun harga BBM RI sareng nagara sejen, kuring sok gogodeg, dianggapna rahayat Indonesia teh barodo sadayana (duka leres memang bodo), caritanamah pikeun nguatkeun alesan naekna harga BBM di RI. Padahal upami urang langkung nengetan, panginten teu tiasa janten patokan harga BBM di nagara sejen pikeun janten alesan yen harga BBM Indonesia kedah naek.
Teras pamarentah sok ngabanding-bandingkeun harga BBM RI sareng nagara sejen, kuring sok gogodeg, dianggapna rahayat Indonesia teh barodo sadayana (duka leres memang bodo), caritanamah pikeun nguatkeun alesan naekna harga BBM di RI. Padahal upami urang langkung nengetan, panginten teu tiasa janten patokan harga BBM di nagara sejen pikeun janten alesan yen harga BBM Indonesia kedah naek.
Malihan eta kang Rahmat, perkawis kenaikan harga BBM, saurna pan numutkeun Mahkamah Konstitusi (upami teu lepat mah), yen kanaekan harga BBM (anu diserahkeun kana mekanisme pasar)ayeuna teh tos ngalanggar UU taun 2001 (duka tah no sabaraha), malihan saur simkuring mah tos ngalanggar UUD 1945. Dina UUD apanan jelas yen "Seluruh kekayaan SDA yang menguasai hidup orang banyak, dikuasai negara dan dipergunakan untuk kemakmuran rakyat" (kirang langkung inti na mah). Mung geuningan pamarentah mah tetep we dina kayakinanana (kaputusan Mahkamah Konstitusi teu digugu). Inti na mah upami ningal tina ieu sadayana sok muncul panyangka, yen pangagung urang teh tos ngamomoreh kakawasaanana, tos ngadzolimi rahayat anu dipimpina+codeka ka rahayatna, pantes sapertosna upami disebat RI teh "nagara gudang koruptor". Janten upami engke lebaran teh cekap we THR na teh oli anu hideung kotor dibungkus kantong keresek we anu hideung, he...he...
Anu "pikaseurieun" mah wengi tadi Menteri Keuangan Yusuf Anwar dina Metro TV, nyarios kieu (kirang langkung): "Pemerintah mengucapkan terima kasih banyak kepada seluruh rakyat Indonesia yang telah berpartisipasi dan membantu pemerintah (negara) dalam mengatasi krisis defisit APBN ". Padahal pan saurna ayeuna surplus anggaran saageung 18 triliun.
Aya keneh deui anu pikakeuheuleun teh:
Saurna stok beas teh tos cekap, mung geuningan ngimpor keneh deui wae ???????????
Saurna stok beas teh tos cekap, mung geuningan ngimpor keneh deui wae ???????????
B I S N I S ?????!!!!!
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Kanggo ngalihkeun perkara BBM, teu acan rengse perkara
Bom Bali II, tos "ngabeledug" deui perkara "Bagir
Manan Saparakanca".
Upami ningali tina sudut pandang Wawasan Budaya,
sigana wae SBY-Kalla ngahaja "nyiptakeun" sababaraha
kajadian anu tiasa "maksa" ngalihkeun perhatian,
sakantenan alat anu jitu kanggo "shock therapy" pikeun
aparatur nagara. Teu diwiji-wiji, dalah pangagung hiji
institusi anu jadi pananjeur kaadilan, tiasa
"digoyang".
Ieu oge hiji ciciren, mentalitas para aparat tos
bobrok pisan. Dalah menteri Pendayagunaan Aparatur
Negara Taufik Effendi, kamari dina sambutan hiji
seminar Indonesia -Jerman di FISIP UI,dipayuneun para
ahli asing, tos teu isin-isin deui, nyebatkeun
prestasi 60 tahun Indonesia merdeka, sa Asia kakoncara
nomor hiji dina hal korupsi.
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
Runa Inawan - KUSnet
"Kebajikan yang ringan adalah menunjukkan muka berseri-seri dan mengucapkan kata-kata yang lemah lembut"(Umar bin Khattab) "
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam.
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

