----- Original Message ----- From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> > Ah sanes bangsa urang wae Bah, dalah bangsa maju nu intelejenna sae > wae sami sok mayunkeun curigesyen. Malah mending urang mah ngan ukur > curiga ku omongan...
Wah teu aya mendingna Kang Yudi. Sikep curiga kaleuleuwihi matak jadi bumerang ka sorangan. Waktu tsunami di Aceh tea, kulantaran pamarentah urang kadesek ku opini " sagala curiga", yen nagara nu mantuan teh aya maksud kadua leutik, nyieun kaputusan sagala bantuan nu dilakukeun ku militer nagara Asing ngan dibere waktu sakeudeung, lamun teu salah mah ngan dua bulan. Padahal harita teh, peran militer asing masih diperyogikeun pisan, maklum nagara urang mah nagara miskin, helikopterna ge nu harareubeul jeung ngan saeutik, teu bisa ngalayanan dareah nu keuna musibah. Nu ngagede-gedekuen sikep curiga umumna lain jelema anu keuna musibah, tapi para elite nu cicing di Jakarta. Puguh we nu teu keuna musibah mah, nyarios kaditu-kadieu oge teu masalah, tapi cobi taroskeun kanu keuna musibah, maranehna moal naroskeun ieu bantuan teh timana jolna, nu penting bantuan ieu nyalametkeun nyawa manehna. Kuring emut surat pembaca dina Kompas, ti ibu rumah tangga di Aceh, anu ngarasa ngangres, waktu nampi bantuan sakarung beas, nu aya merekan "From the people of Japan". Manehna ngarasa ngangres dibantu ku jelema anu teu wawuh, nu lain dulur, nu lain sabangsa, nu teu saagama. > Cobi we tingali ti taun 2001 curiga yen Den Usamah teh nyumput di > goha nepi ka ngubrak-ngabrik Afghanistan sabaraha ratus rebu jalmi > nu pergasa. Taun 2003 curigeysen aya WMD ceunah Iraq diubrak-abrik > teu salah teu sing sabaraha ratus rebu nu maot. Ayeuna keur > ngadodoho Iran deuih... > Ari maca wartos soal Irak teh kuring mah sok ginggiapeun, da geuning nu silih bantai teh tungtungna antar urang Irak sorangan, lain jeung urang Amerika. Kajadian nu pangakahirna, urang Shiah nu keur ngumpul ngarayakuen poe kaagamaan, dibom "bunuh diri" ku urang Sunni nepika nu sejenna panik, pasedek-sedek dina sasak S. Tigris, antukna marurag ka walungan, hasilna ......hilap deui, tapi lamun teu salah mah nu maot dugi ka langkung ti sarebu jalmi. Ari nu maot ku bom bunuh diri ukur dua-puluh atawa tilupuluh urang mah, wartos sadidinten geuning di Irak mah. Urang Amerika salah sangka, disangkana Irak teh jiga bangsa Jepang, nu bisa diwangun deui sanggeus eleh bebeakan diperangan. Irak nagara jieunan kolonialis Inggris, ngahijikeun tilu kubu anu tadina oge teu akur ( Sunni, Syiah jeung Kurdi) jadi sanagara. Riwayat Nagara Irak ti mimiti ngadegna oge, pinuh ku getih, nu kawasa silih paehan. Nagara model kieu, moal bisa dijieun nagara demokratis, kudu jadi nagara otoriter, jiga jaman Saddam Husein, kakara beres roes! Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

