> From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]>
> Teu kedah kamana2 Bah, inti masalah nu kamari diangkat pan
> masalah "sikep curiga" nu ditapelkeun ka tarang urang Indonesia.
> Pikeun abdi simpulan ieu teh teu imbang da geuning aya oge
> kalakuan nagara maju nu siga kitu, malah leuleuwihi. Terus terang
> wae, abdi mah rada heran ka jalmi nu tiasana kritis ka
> bangsa/dulur sorangan tapi kadangkawis teu imbang ningali batur.
>

Leres pisan nagara maju oge gede curigana, komo deui nagara anu
kantos diserang, jiga Amerika. Tapi ari di Indonesia mah, curiga
teh lain wae kanu ngamusuhan tapi oge kanu rek nulungan, jiga
kacurigaan ka urang asing di Aceh nu jelas-jelas arek nulungan,
da ku tanaga bangsa urang sorangan mah baroraah katanagaan. Ari
kuduna mah urang teh ngahatur-nuhunkeun, lain ku sikep curiga
kitu.

>
> Wates sikep curiga sareng waspada ipis pisan. Urang kedah ningali
> perkawis Aceh langkung ti hiji perspektif. Dina perspektif
> kaamanan nagara, kaati2an pamarentah tangtu teu tiasa dicap
> ngagedekeun curiga da panginten sadaya terang kumaha pentingna
> Selat Malaka. Perkawis bantuan, naha aya di dieu nu gaduh data
> sabaraha persen nu dijangjikeun ku urang deungeun (khususna
> Amrik) nu bener2 jadi? Tur tong hilap seueur bantuan nu TEU
> diliput ku media (politisasi media tos jadi rahasia umum). Cobi
> ayeuna nu masih keneh aya di ditu saha? PKPU urang mana? Mer-C
> teh saha? Di dieu (UK) aya nu namina Ummah Welfare Trust
> (www.uwt.org) nu ngirim bantuan ka Aceh: boa2 bantuan nu
> disebutkeun ti bangsa deungeun teh nyatana ti "dulur" sorangan
> keneh!

Upami LSM urang ngabantuan Aceh, teu kedah diageung-ageungkeun,
terus dibanding-banding jeung bantuan nagara asing sagala. Ari
LSM di urang mah memang geus pantesna kitu, kudu nulungan batur
sanagarana. Tapi ari nagara batur mah boh personil pamarentahna
atawa LSMna tetep we kudu dihargaan/ dihaturnuhunkeun kana
pitulungna lain dicurigaan da euweuh kawajiban kudu nulungan
sagala. Tah ayeuna kuring balik nanya, tepi kamana sikep paduli
bangsa urang, kana musibah Bangsa AMerika nu keuna ku tofan
Katrina? .....cicing, jempe, Presiden SBY wae kakara ngucapkeun
kasedihna sanggeus ampir saminggu eta kajadian! (soal cicingna
sikep SBY ieu, kantos diributkeun di sababaraha millis, da bangsa
urang teh dianggap PINTER KODEK).

> Kanyataan Iraq nu siga ku Abah serat di handap TEU tiasa
> dijantenkeun pangbener DISERANGNA Iraq ku alesan "curiga". Masih
> emut sanes alesan kapungkur Irak diserang? (ieu nu janten inti
> diskusi, perkawis konflik intern bangsa Iraq mah rada "ngeleor"
> tina jejer, peryogi thread sejen). Sajarah nu nunjukkeun yen
> urang Iraq tukang perang oge teu tiasa dijantenkeun alesan oge
> pikeun lebetna bangsa sejen make cara heuras. Langkung ti eta,
> upami tesis Abah yen tina sajarah Bangsa Iraq teh sifatna siga
> kitu tapi tetep wae diserang ku hiji bangsa, kumaha kasimpulan
> urang kana kalakuan eta bangsa? Sanes curigaan deui atuh eta
> mah,
> tapi aya motif sanes! Ekonomi? Politik? Agama? atanapi sadayana?
> (Moal disebatkeun ah, bisi disebat curigaan...!)

Hih, kuring mah netral soal Irak jeung Amerika mah, lieur
ngabandunganana, soalna di Timteng mah pajeujeut sueur teuing
kapentinganana. Irak diserang ku Amerika, teu sadayana nagara di
Timteng teu satuju. Kuwait mah malah surak, da baheula kungsi
diserebu ku Irak. Arab Saudi pon kitu, eta mah asli balad
Amerika. Nu sejen? ningali-ningali heula, nu mana nu paling
nguntungkeun nagarana. Yordania plin-plan, kitu deui Suriah.
Ditambah ku situasi ayeuna, dimana Irak teh tambah kacow. Ah
mending netral we ......


Baktos,
WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke