Kuring sapuk upami ningali hiji pasualan tiasa
ditalungtik tina sudut pandang (perspektif) anu
benten-benten. gumantung kana fakta-fakta anu
ngadasaran hiji pendapat.

Di lingkungan akademis mah biasa, upami hiji
pendapat/tesis teu ditampi "samina wa'atona", tapi
ditampi kalayan rasa cangcaya/curiga. Ieu teh hiji
cara kanggo nguji pendapat, naha saheh atanapi
heunteu. Janten curiga didieu gaduh konotasi positif.

Kuring gaduh conto "teori curiga", kasus bantuan
Australia ka Indonesia dina merangan terorisme, anu
kamari sacara resmi presiden SBY nampi PM Australia di
Istana Merdeka, anu nyumbang $ US 10 juta kanggo
ngabasmi terorisme di Indonesia. 

Pami teu lepat mah, opat dinten sateuacanna PM
Australia ka Indonesia, warga Bali Demo ka Pengadilan
Tinggi Bali, supados para teroris Bom Bali I, geura
dihukum anu satimpal. Tadina mah teu pati mirosea ata
berita. Tapi waktos salah sahiji stasiun televisi
ngaliput aksi demo eta, kuring rada kerung oge. Dina
liputan eta teh juru kamera nyorot hiji poster anu
unina teh sapertos kieu "TERBUKTI INDONESIA MENJADI
SARANG TERORIS!" Eta anu nyandak poster teh urang Bali
asli, anu notabene urang Indonesia oge. Rada aneh oge
eusi spanduk eta teh. Tadina pikiran kuring mah, eta
anu nyandak spanduk teh urang asing.
Teras waktos ngayakeun konferensi pers oge, PM
Australia ngan ngawaler pertanyaan-pertanyaan wartawan
australia, teu malire wartawan Indonesia. Dina
kasempetan eta PM Australia ngabeberkeun deui, yen
organisasi Jamaah Islamiyah Indonesia, sarangna
teroris anu aya hubunganana sareng Al Qaeda.
Padahal dina salah sahiji dialog televisi, penasehat
hukum Abubakar Baasyir, Mahendrata nyimpulkeun dina
pangadilan kasus abubakar Baasyir, teu tiasa
dibuktikeun aya keterlibatan Jamaah Islamiyah
Indonesia anu "ngadalangan" kagiatan teroris di
Indonesia.

Ningali pangalaman kapengker, peranan Australia di
Timor Leste, saur salah sahiji pakar, cenah mah aya
anu "dianjing cai", nyaeta kakayaan minyak di "celah
Timor". Sabada ditanda tangani MOU Timor Leste sareng
Australia, dina ngokolakeun eta sumber minyak,
Australia teu malire deui.

Ku ayana pangalaman "keberhasilan" di Tiomor Leste
eta, sigana Australia aya "agenda tersembunyi" dina
ngabantuan "merangan terorisme" di Indonesia. Mangga
wae geura bandungan kagiatan salajengna.

Tapi masih aya kakirangan nagara Australia lamun bade
"merangan/ngabasmi" Islam di Indonesia, ceuk kuring
mah, kedah didukung  studi Islam anu intensif. Asana
teh teu kacarioskeun aya paguron luhur anu
ngahususkeun studi Kaislaman di Indonesia. Pakarna oge
teu aya anu nyongcolang. Aya ahli ti Australia
sapertos Harold Crouch, William Liddle, sjb, tapi
asana teh ngahususkeun studi pamarentahan. Aya oge
urang Indonesia anu ngajar di Australia, George Yunus
Aditjondro, tapi ieu mah khusus pakar perkawis
korupsi. Teras aya deui alumni ti Australia anu
kawentar nyaeta Nazaruddin Syamsudin, eta mah......

baktos,

mrachmatrawyani



--- Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Teu kedah kamana2 Bah, inti masalah nu kamari
> diangkat pan masalah "sikep curiga" nu ditapelkeun
> ka tarang urang Indonesia. Pikeun abdi simpulan ieu
> teh teu imbang da geuning aya oge kalakuan nagara
> maju nu siga kitu, malah leuleuwihi. Terus terang
> wae, abdi mah rada heran ka jalmi nu tiasana kritis
> ka bangsa/dulur sorangan tapi kadangkawis teu imbang
> ningali batur.



                
__________________________________ 
Yahoo! Music Unlimited 
Access over 1 million songs. Try it free.
http://music.yahoo.com/unlimited/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke