Assalamualaikum,..
Para wargi kumaha parantos biasa saumna ? wireh tos
lebet 10 dinten ka dua. Ieu nyanggakeun dongeng nu ka
sabagian jalmi mah tiasa kasebat ‘pangharaman’ upami
dibahas. Sim kuring neda widi seja ngintunkeun dongeng
ka Kisunda/urangsunda (sadayana atawa sabagianna
ningal kumaha respon nu ngaos wae), insya allah,
meungpeung puasa  tur nyaketan lailatul
qadar...disuhunkeun setra manah tur wening
panggalihna... haturan ka sadayana.

QIBLAT TANGTUNG

I

Kabeneran di bumi wargi kuring di Terusan Cigadung
Bandung aya mushola husus keur kulawarga  sapopoe
ngumpul jeung shalat jamaah tur pikeun tatamu nu
kabeneran natamu bari hayang atawa kararersa Shalat.
Dina Ramadhan ieu mushola teh sok dianggo tarawehan
pangeusi bumi bari sering sok nyumpingkeun imam/khatib
ti luar sangkan  ngawuruk pangeusina ngeunaan agama. 

Hiji waktu aya ustadz nyanggem “Prof. (kabeneran tos
Professor) ...arah kiblat teh lepat...(kabeneran
mushola teh madepna ka kulon)...kedah rada ngageser.
Bari daradad nyaritakeun argumen nurutkeun nash agama
dina  surat Sapi bikang yen shalat teh kudu madep ka
Ka’bah ari urang saurna “di khatulistiwa janten
kedahna sanes ngulon tapi rada sakedik ngulon-ngaler”.
Abong nu kagungan bumi bijaksana, nya terus weh harita
shaf teh jadi rada ‘miring’  da kudu ngiblat ka ka’bah
tea, kawas loba masjid di Bandung nu shafna rada
miring sabab masjidna geus dijieun tapi kurang ngiblat
ceuk nu ngeusianana.

Saenggeus shalat Isa jol incu-incu datang...pas
ningali sajadah ‘miring’ teh naranya kunaon jadi
kieu...atuh derekdek dijelaskeun ku Pa ustadz
alesanana....”oh harus tepat menghadap ka’bah yah..dan
kalau tidak ibadahnya tidak afdal malah bisa batal”.
Ngartieun terus we diuk..... Tapi, nu saurang pok
nyarita “kalau gitu  ini masih kurang afdal harusnya
semua lantai mesjid di Indonesia harus miring.  Sebab
bumi ini bulat. Jadi sebenarnya kita ini walaupun
sudah digeser seperti saran Pa Ustadz kalau lantainya
datar tetep semua yang shalat di masjid manapun di
Indonesia tidak menghadap Ka’bah tetapi ke atasnya
Ka’bah”. Pa Ustadz rada ngahuleng, can ge Pa Ustadz
nyarios...incu nu lain nyarita kieu...”jadi gimana
yang di Amerika harus tegak  lurus tanah
kiblatnya”....nu lain nambahan “nggak apa-apa, kan
harus menghadap kiblat...dalam film the Cronicles of
Riddick juga  pada waktu manusia menemukan planet
baru, di NewMeccan orangnya berdo’a menengadah ka
planet bumi....ditimpalan deui ku nu lain “tapi gimana
sujudnya kalau shalat?” ...atuh der rame loba nu ngilu
ngabenan...dongeng tuluyna mah moal dicaritakeun...da
biasa nu resep pasea terus rame paloba loba argumen
ceuk cenah, nu barijaksana saukur seuri. Ngan nu can
dahar tiimah kaasup kuring tuluy nyandet lalawuh nu
disadiakeun da eta nya loba nya ngareunah. 

II
Pangalaman peuting eta jadi ngingetan deui ngeunaan
arah madep (kiblat) pribadi. Tuluy kaingetkeun ku
caritaan waktos Kangjeng Nabi kapungkur nu
didongengkeun dina surat Sapi Bikang, memang cenah
waktos anomna Sang Al-Amin teh madepna ka 
Bethlehem...di Jerussalem..tempat batur milik batur 
da mantena mah tedak qurais, atuh pas hijrah ka
Yathrib ditampi pisan ku pangeusina sabab loba
nasrani/yahudi nu saalam madepna ka
Jerussalem....lami-lami cenah anjeuna sering ngemut
ari wengi ngeunaan kiblatna nu ahirna dipiwarang malik
ka bali ngajadina nyaeta ka Ka’bah mekah tempat na
dilahirkeun. Cenah ge dibali ngajadina banjar karang
pamidanganna mah leuwih baheula (pangheulana) pan
agama batur ge  nasrani/yahudi asalna ti ageman
luluhur mantenna Sang Khalilullah. 

Ayeuna kabeh sarua ka muslimin sa alam dunya kaasup
urang sunda, kuring diantarana, madepna ka mekah sok
sanajan lain tedak qurais. Bari dibarengan ku panata
nu kudu lempeng madep ka ka’bah. Ayeuna urang sunda
maradep ka mekah analog kawas Muhammad keur anom
kapungkur madep ka bethlehem.

Ari nabi mah malik ka Bakkah madep ka asalna ka jatina
nya tedak mekah tea da di anjeuna nyalira ge aya baet
al haram tempat nu suci. Nanaonan kudu tuluy ka baet
batur ...ari urang kumaha? Bisa nyonto ka nabi pan
nabi teh contoeun -nepi ka janggotna ge ditarurutan, 
kapungkur nabi madep ka baet batur di
jerussalem..ahirna kasepuhnakeun gentos madep ka baet
nyalira...di mekah...baligeusan ngajadina...pangwaris
luluhurna...

Ari urang bisa nurutan jeung meunang teu nurutan???
Urang ge pan boga kabuyutan malah cek dulur ti Kanekes
mah asalna ge turunan Adam leuwih kolot ti
Ibrahim....bisa shalat teh madepna ka kabuyutan, pan
kabuyutan teh tempat suci ??.  

III
- 
Urang teraskeun upami pareng....
----

Baktosna 
Eddy Nugraha



        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke