Assalamu'alaikum wr. wb
 
Wilujeng tepang ka sadayana, sim kuring aya ku bingah liwat saking tiasa riung mungpulung sareng wargi-wargi di dieu. Langkung tipayun, sim kuring bade ngawanohkeun heula saha atuh ieu teh, nu ujug-ujug, ojol-ojol posting. Sakumaha nu tos didugikeun ku kuncen, supados sim kuring teu disaha-saha di "imah" sorangan. Nepangkeun wasta sim kuring lia, nenehnamah biasa dijaluk eeya (bc:ia), tos merenah asanateh kakupingna. Kawit ti pakidulan, ti tatar Galuh. Ayeuna nuju (minangkanamah) damel di salah sahiji konsultan, dibagean pametaan, nu dumuk di Ibukota, alamat kumplitnamah parantos aya di database milis ieu. Bilih saupamina aya diantara wargi-wargi (kaleresan asanamah seueur nu janten abdi nagara :) ), peryogi dipangdamelkeun peta, sarupaning peta foto, peta garis, peta tata ruang sareng sajabina, mangga ditampi ku hegar manah proyekna, hehehe. Eh, naha bet janten promosi kieu nya!
 
Atos heula ah, wilujeng siang ka sadayana. Wilujeng shaum oge, mudah2xan urang sadaya dipasihan kakiatan enggoning ngalaksanakeun parentah Alloh SWT. Amin... Hatur nuhun, tos pada uninga pan ayeunamah ka sim kuring, teu kenging disasaha deui nya?
 
Wassalam,
-eeya-


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke