Assalamu'alaikum wr.wb.
Sateuacana sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka sadaya baraya Kusnet anu tos rurumpaheun sumping ka rorompok dina raraga Silaturahmi jeung Buka Puasa Bareng Kusnet dinten Saptu ping 15 kamari. Alhamdulillah, acara kamari lungsur langsar teu aya halangan nanaon. Malihan mah asa karaos lengkep pisan, kulantaran baraya anu ti Bandung (mang Oman, kang Iim jeung teh Nenny-Houston + putra) oge tiasa sumping.
Dina waktu anu sakitu heureutna, alhamdulillah parantos kalaksanakeun 2 padungdengan ngeunaan HBH 2005 sareng Revitalisasi YP-Kusnet.
Laporan lengkep ngeunaan hasil rapat Panitia HBH 2005, insyaalloh engke diposting ku kang Nanang, salaku tukang wawar HBH.
Laporan hasil padungdengan ngeunaan YP jeung Kusnet, insyaalloh engke diposting ku kang Runa.
Haturnuhun oge ka sesepuh YP + Perceka anu parantos ngarojong eta acara, sok sanaos teu teu tiasa sumping ka Jakarta (MJ jeung uwa Sas). Oge teu hilap, ka kang Soni Rosa anu teu weleh kokontakan, khususna ngeunaan padungdengan YP-Kusnet.
Teu hilap oge, abdi ngahaturkeun nuhun ka teh Ika, anu parantos ngintun brownies anu sakitu raosna. (jeung loba deuih...:))
Geuning brownies kukus teh meuni raos kitu nya? Punten, da samemehna mah kuring mung saukur ngadangu wartosna wungkul.
Sim kuring sakulawargi teu kirang-kirang nyuhunkeun hapunten anu kasuhun, bilih dina acara saptu kamari, aya kakirangan boh dina panampianana atanapi dina katuangan anu disayagikeunana. Mugia sadayana tiasa ngamaphum, da memang mung sakitu kaayaanana.
Sakitu anu tiasa kapihatur, wassalam.
baktosna akos
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam.
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

