Leres kang tirta perkawis soal nu kitu kedah peryogi elmu psikologi. Mung abdi mairan sakedik, ieu ngan saukur sacara garis besarna, saukur ningal ti luar. Dina aya lepatna neda dihapunten.
Perkawis mental manusa dina mayunan sagala rupi tekanan hirup, dasarna mah sami teu di urang teu di nagara sejen. Namina ge manusa, nalurina sami wae sareng gaduh kalemahananana. Mung nu ngabentenkeun panginten dina kasiapan diri urang, lemahna urang sareng situasi nu dipayunanana. Pami tekanan dina waktos perang mah bentenna nyaeta pami perang mah sipatna merata, sadaya jalmi sami ngalaman tekanan, sanasib sapananggungan tea, boh nu leutik boh nu gede, hususna dina tekanan ekonomi. Sareng rasa solidaritas waktu mayunan perang karaosna langkung ageung. Biasana pami gangguan jiwa akibat perang mah mangrupi trauma. Tapi sigana aya wae kasus ngakibatkeun gangguan jiwa/mental nu sejen ge (gila/gelo). Aya teu baraya nu gaduh buktosna?
Sedengkeun pami ayeuna mayunan tekanan ekonomi ku jaman kiwari (henteu dina kaayaan perang), pan teu sadayana sanasib. Aya nu masih keneh mampu, kuat sareng ageung. Janten si nu teu mampu ngaraos dirina rendah, ngaraos teu kalindungi, ngaraos teu adil. Nu kieu disebatna panyakit sosial. Hubungan sasama manusa sejen tos ka ganggu. Contohna bae ayeuna dina soal dana kompensasi anu ahirna nimbulkeun pasea diantara masarakatna keneh. Nu hiji teu kabere padahal ngaraos kudu dipasihan. Tapi buktina henteu. Tah rasa teu adil samodel kitu nu ahirna jadi nambah tekanan.
Ayeuna kumaha atuh cara ngigelkeunana, nyaeta ku soal kaagamaan, langkung sabar tea, sadar yen manusa mah hirup di dunia pasti rasa teu adil aya wae, kuat mayunanana, pasrah bari terus usaha. Teras pamerentah kudu bisa mere rasa keadilan, lindungan ka masarakat. Masarakat nu mampu kudu langkung ageung solidaritasna/kapedulian(henteu individualistik) ka lingkunganana.
Mangga bilih aya nu nyanggah atanapi nu nambihan. Dicekapkeun sakitu bae.
Neng Iva
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Langkung afdol pami nu gaduh atikan diwidang psikologi &/ sosiologi. Tapi saleresna tos dikawitan mesek masalahna ku neng Iva...mangga teraskeun sasarengan.JP
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah kang, ditalungtik atuh...
tugasna BMRC lin ?
proyek eta teh, heu heu..
-dul-
--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Euleuh aya ku leubeut pamendakna neng Iva. Nuhun Neng....
> Gencetan kasusah hirup teh pan ti sabang dugi ka meroke, tah kumaha
atuh mental US oge nu di TS keur ngigelanana? Kumaha mental US basa
keur digencet jaman rodi & romusha? Aya kitu sami jeung bentena jeung
mental urang kulon jaman resesi taun 30an?
> Ke urang antos geura wartos ti baraya nu di Swarnadwipa, wetan
Jawadwipa jste. kumaha seler sejen kondisi mentalna ayeuna. Epes meer
oge kitu?
>
> wilujeng
> JP
>
> __________________________________
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> Visit your group "urangsunda" on the web.
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

