|
sanes picontoeun:
Dina poe lebaran, sakumaha ilaharna di lembur rame pisan anu
silaturahim. Utamana di imah para kokolot lembur atawa di para sepuh anu
incuna rea. Tamu ti ditu dieu daratang silih hampurakeun dosa.
Minantu, mitoha, alo, ua, jeung sajabana.
Tapi anu tiheula sok diayakeun teh nyaeta silih hampura antara salaki jeung
pamajikan.
Eta ge di hiji imah, mang Kemed anu unggal poe pagetreng wae
jeung pamajikanana kadenge keur silih hampurakeun.
"Nyai, akang menta dihampura nya..! Urang unggal poe sok tara kendat
pasea.."
"Eh, sanes Akang anu kedah nyuhunkeun dihapunten mah, tapi Abdi..,"
tembal pamajikanana
"Puguh.. Akang anu loba dosa mah ka nyai teh... Nepi ka Nyai
sababaraha kali rek balik ka imah kolot nyai.."
"Puguh Abdi nu kudu menta dihampura mah!!" pamajikanana embung eleh
"Kami nu kudu menta dihampura mah ka maneh teh!" ceuk mang Kemed
nyentak
"Euleuh-euleuh.. ngambek di dinya teh?!!! Kuring nu kudu mena dihampura ka
di dinya mah puguh oge..!" ceuk pamajikanana teu eleh galak
"Eeeh.. ! Dewek anu kudu menta dihampura teh ka sia!!!" mang Kemed mingkin
galak
"Eta si Kemed... meni embung eleh..?!!. Aing nu kudu menta dihampura mah,
Belegug!!"
Teu lila kadenge "BRAKKK!! BRUKKK!!!! BRAKKK!!!
BRUKKKK!!" Mang Kemed jeung pamajikanana silih teunggeul silih sered jiga
dina perang baratayuda.
Bolay atuh silih lubarkeun teh...
*** Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] gelenyu... dudin supti
- Re: [Urang Sunda] gelenyu... Duli Dodet
- Re: [Urang Sunda] gelenyu... indung peuting

