Sumuhun Kang yayat.. abdi teh ti Banjar... tepatna Jl. Ciamis No. 58, Parungsari....
ti taun 1973 abdi tos ngumbara,
ngadon sakola ka Bandung, sakumaha do'a kolot urang, .....
neleng neleng neleng negkung,
Geura gedeeee, geura jangkung...
Geura sakola ka Bandung...
 .......
Pabukon di Banjar teh aya na di Jelat, Jalan cagak...
Taroskeun wae Bumina Bapak Aang Hendarisman/ Ibu Aas.. moal bireuk deui.. (Tlp. 0265-743525)
da anjeunamah lahir, gede, sakola jeung digawe didinya.....
 
aya sabaraha cara :
 
1. Upami bentukna buku tiasa langsung ka Pabukon, atanapi ngalangkungan YP PERCEKA...
    (kamari tos dibentuk.. MANTRI PABUKON teh Kang.. helove deui).
2. Upami bentukna artos kanggo waragad anu aya kaitanana sareng Fasilitas PABUKON sapertos Plang.. atanapi rak buku tiasa langsung ka Pabukon,
    atanapi ngalangkungan YP PERCEKA... atanapi ngalangkungan Abdi (upami kawidian ke YP), engke ditransfer ka Banjar.. di JAPRI wae .. 0811-219604.
 
Ari Kang asep posisi dimana ?
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, November 14, 2005 8:37 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pabukon di Banjar

Nepangkeun, simkuring oge urang Banjar, morojol ti beuteung indung oge di Banjar. Ngiring bingah ku ayana Pabukon ratis di Banjar.
Kumaha carana pami sim kuring seja nyumbang sakedik-kedikeun.
 
Wassalam,

yayat cipasang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Mamat teh urang Banjar? Kenalan, abdi Yayat R Cipasang, lahir di Cipasang, Tambaksari, Rancah, Ciamis. Kang perpustakaan teh tepatna di mana. Upami ka Banjar abdi hoyong ningal. Abdi oge gaduh mamang di Banjar namina Bapak Dasri (Dede) Priatna, mantan Kepala SMKN 1 Ciamis.
 
salam
 
http://yayat-cipasang.blogspot.com

Para Wargi KUSNET sadunya …
Sok sanaos rada telat teu he-love Pribados ngahaturkeun wilujeng
boboran siam, sakantenan bade neda pengapunten ti sadayana
sok bilih aya seratan anu matak teu genah kana manah… punten… pisan…

Iwal ti eta, bade laporan hasil kunjungan ka Pabukon PERCEKA di
Banjar…
Buku anu kantos dikintunkeun ayeuna tos disimpen dina Rak sakumaha
mistina,
Dina raraga Ramadhan sok seueur anu ngahaja dongkap kadinya bari
ngabuburit..
Buku anu dipikaresep sesuai sareng segmen-na masing masing :
1.      Kolot     : anu dibaraca teh Mangle, Bodor, Agama jeung buku-
buku heubeul.
2.      Barudak : Pengetahuan umum, pangalaman orang sukses,
penelitian.
3.      Murid    :  Refrensi buku-buku sunda dises uaikeun sareng
tugas ti Sakola.

Unggal anu dongkap diwajibkeun ngeusi buku tamu, dugi ka Kaping 1
November 2005 teh aya kana ratusna anu tos darongkap ka eta Pabukon.
Aya budak duaan anu meh unggal poe saba'da mulang sakola sok didinya
wae ngadon maca, buku baceun karesepna geus meh erep, sakapeungmah
sok ngajak babaturanana ka Pabukon lamun aya tugas Bahasa Sunda ti
Sakolana, … milarian referensi.

Bapak Aang pacabakananan di Proyek Citanduy, atuh Ibu Aas (istrina)
janten Dosen di SD Pataruman, upami enjing-enjing eta Pabukon sok
dititipkeun ka tatanggina bilih aya anu dongkap, geuning dilemburmah
ilahar keneh masrahkeun konci bumi ka tatanggina bari sakantenan
pang-nungguan-keun….

Aya pameredih ti Ibu Aas, upami aya deui anu bade nambihan
kahoyongna teh buku-buku Dongeng, Carita Rakyat/ Legenda, Mangle,
Bodor, Agama, Ilmu penegetahuan, Penelitian jeung buku pellajaran di
sakola cenah.

Pabukon teh namina Pabukon "PERCEKA" , ngan teu acan nganggo Plang…
cana aya waragadna cenah, aya oge salah sawios LSM didinya bade
nyumbang Plang- ngan namina hoyong sakahayang manehna, ku Ibu Aas
ditolak.. engke wae ngadamel nyalira cenah....

Keun Sabar ... Ibu ke aya ti Kang Wibowo  BI Jakarta..

Naon deui nya ???..... ah cag heula …..
Foto-foto bade langsung dipasihkeun ka Kuncen (waktos Kongres) sina
dilebetkeun kana database Foto..

Wassalam

Mamatrachmat mantan jajaka kapaksa








Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke