satuju teh lah!! ngiring nangkod deui ka teteh!

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdullilah kang...!
Asa nembe wanoh sareng kang Rizky mah, dimana dumuknanya ?
Perkawis prihatin ku awut-awutan bin ramijud teh sanes wae di leuwipanjang, dimana-mana, komo sapanjang jl. KOPO, jl cicadas, seueur deui. Bingung ngaturna, pajabat di kota kembang teh. da can bisa mere kasejahteraan ka masyarakat. Nya rahayat ku sorangan neangan ka sejahteraan ku PKL, ngabeca jeung sajabana Sok upama PKL ical, tukang beca ical, aya rasa  kota bandung kudu alus, moal teu sae eta kota kembang teh. KItu kang...!
 
ipeut

rizky firmansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur baraya sadayana, Kumaha damang?
Simkuring seja ngedalkeun esi hate nu matak ngaganjel,
nyaeta perkawis "Ibukota Orang Sunda" nyaeta Kota
Bandung.
Bandung teh ayeunamah katingalina maju pesat pisan
mall-mall dimana-mana, jalan layang sakitu panjangna
tapi kuring prihatin kana katertiban kota Bandung nu
ayeuna, sakitu awut-awutanana.
Sapertos di terminal Leuwipanjang nu asalna rapih
sareng resik ayeunamah acak-acakan, kitu wae di
parapatan leuwipanjang- cibadut di lampu merahna di
anggo ngetem ankot 05 sareng Bus antar kota jurusan
Tasi, Garut, sareng nusejena, Tah kitu eusi hate
simkuring teh.
Ka Bapa-bapa nuberkompeten dimana ayana  mugi enggal
tertibkeun Ibu Kota Urang sunda ieu, Mudah-mudahan
kota Bandung janten Kota nu Paling Rapih, bersih
pokonamah paling sagala-galana.


__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam 
http://id.mail.yahoo.com


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com



Wassalam
Nenny
"Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke