tadi tos ngobrol via telepon sareng kang Akos. kang Akos di kantorna, si kuring dina angkot aceh. perkawis BMRC nu bade dina wadah nyalira alias independen/mandiri, hartosna teu dipayungan YP.
tah gening aya nu ngangge cara federal. justeru eta nu saleresna diarep-arep teh. alasan teknisna, memang langkung praktis. sanajan siga dareukeut, di internet wungkul deukeut teh. aslina mah di jakarta, bandung, luar nagreg, jsb. kabayang mun aya kaperluan ngadadak, perlu pisan tanda tangan pupuhu yp, urang jkt kudu ka bdg. sanaos tos aya cipularang, keukeuh we teu praktis. perlu 2.5jam minimal. mending mun si kuring nuju rineh, mun nuju disaur rektor, atawa mun keur ngawadul di kelas atawa nyidang anak batur jadi sarjana. kudu nungguan heula deuih. plis, deh... pasosore kamari, sms-an sareng kang tjahya gunawan, pemred kompas bdg. intermezo cenah. biasa, diskusi susundaan. nepi ka soal US hese guyub. saur (prof.) edi s ekadjati oge (prof.) ajatrohaedi (mang ayat), nya da baheula US mah ngahuma, lain patani sawah. kaharti oge. tukang kahuma mah pan jarauh, jaba meureun sering pindah oge ari beres panen. jadi hese panggihna. jeung teu biasa guyub. paingan cenah prabu siliwangi dilambangkeun ku maung, da maung mah individualis, ari singa mah guyub, siga lambang2 sababaraha nagara eropa. hehe. duka tah. kang gun nyarita dina sawah oge, US mah sok nepi ka parebut cai, US mah sok nepi maen bedog cenah. hehe. adat maung cenah. janten konsep federal atawa individualis kitu teh teu kedah diwadahan kana goreng atawa hade. nya geus nasib we meureun. kari urang na bisa ngigelan eta adat. nu teu bisa ngigel nya ngebor we siga inul. atawa jogedna siga oma irama we. upami aya patarosan mun federal, berarti aya washington dc na. diurang aya? aya, kusnet. presidenna? teu aya, nu aya teh presidium we, kuncens. tapi mung purah ngurus tertib-teknisna milis kusnet. wilujeng + good luck. mj http://geocities.com/mangjamal > Program Sanes: > Unit Panalungtikan Manajemen & SDM Bujangga Manik Research Center (BMRC) Pupuhuna Kang Akos Kosasih SE. Mangga ke SK-na urang damel. > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

