Di kantor kuring, aya hiji wanoja, dedeganana mah kaitung leutik. Baheulana digawé jadi klining sérpis, tukang ngepél jeung mersihan toilét. Gawéna téh isuk-isuk. Saméméh karyawan daratang, toilet téh kudu geus bersih jeung seungit. Beurang sabada karyawan istirahat / dahar, tuluy soré saméméh bubaran kantor. Angger kitu kénéh gawéna téh.
Batur-batur gawéna nu séjén mah mun waktu lowong téh taranggeluk ngariung di pantry, tapi budak nu hiji ieu mah jigana rada boga naluri bisnis. Karyawan pan kadang sok loba nu horéam ari kaluar kantor téh. Nya panas téa, nya jauh téa, nya ribet kudu parkir jeung sagala rupa. Rengse digawé isuk-isuk, manéhna sok nawaran karyawan bisi rék meuli sarapan. Ménu-na mah rupa-rupa, aya bubur hayam, soto, emih rebus, goréng sangu atawa kukuéhan. Sakali indit manehna nangtukeun tarip sarébu pérak per `customer'. dua jam saméméh waktuna istirahat kantor nya kitu deui, nawaran ka karyawan bisi rék meuli dahar. Ménuna rupa-rupa deuih. Tina gado- gado, ketoprak, sangu padang, sangu warteg atawa sarupaning kadaharan nu didagangkeun di pasar atawa sakuliah kantor. Taripna angger sarébu pérak sakali indit per `customer'. Jam 12 téng wayah dahar, kadaharan geus siap dimeja nu mesen. Basa pausahaan klining sérpisna mutuskeun kontrak jeung sakabéh karyawana, manéhna mah tetep 'survive'. Batur-baturna démo, manéhna mah angger ujag-ajig ka pasar meulian dahareun. Basa manéhna teu dikontrak deui jadi karyawan klining sérpis, manehna jual jasa wé jadi tukang disuruh-suruh. Nepi ka ayeuna angger kitu kénéh. manehna unggal poe `ngantor'. Isuk- isuk mangmeulikeun sarapan, beurangna meuli dahar, kadang ka bank, kamana wé kumaha orderan. Angkaribung plastik kérésék. Bari jeung apal pisan nu saha-sahana, padahal sakitu lobana babawaan téh. Tangginas pisan jiga teu boga kacapé. Teuing maké batré `Energizer' jigana mah. heu..heu... beuki dieu beuki nambahan `customer' tetapna na téh. Ngalayanan leuwih ti 150~200 urang sapoéna, nepikeun carogéna ku manéhna dijadikeun `asistén' saking lobana nu kudu digéndol téa, da kusorangan mah teu kaawakan. Lain teu aya deui nu nurutan gawé kitu téh. Tapi aya hal-hal pasipatan manéhna anu bisa dipercaya anu jadi daya jual ti manéhna. Mun dikaitkeun kana sistem manajemen mah, jasa manéhna téh geus minuhan sarat 'memuaskan pelanggan' dina harti pesananana sesuai (boh hargana boh porsina) jeung tepat waktu. Moal matak nu boga panyakit maag kanceuh. Pesen dahar ka manéhna ayeuna mah bisa ku SMS, da hapéna hurung terus. Mun keur boké, komo keur tanggal kolot mah, bisa nganjuk heula deuih. Mun diitung-itung, mun dina sapoé 200 urang `customer' wé, nu meuli jasa manéhna, dikalikeun 1.000 pérak sakali indit, geus 200 rébu. dikalikeun rata-rata 25 poé gawe sabulan, jadi total téh kurang leuwih 5 juta sabulan. Eléh karyawan kantoran gé nya... Boa-boa, pagéto manéhna bisa boga pausahaan kétring sorangan atawa pausahaan tréding. Tapi nu jadi soal, lain ukur gedé panghasilanana wungkul, tapi ieu mah jadi pieunteungeun hususna keur kuring sorangan, yén sakabéh pagawéan mun dileukeunan, tangtu bakal hasil nu mucekil. Teu cukup ku rumahuh wungkul, mikiran gajih nu teu nyukupan pangabutuh. Tapi kudu diakalan, ku cara motékar, aya kadaék jeung teu isinan. Gawé ku cara sederhana, tapi ideuna orisinil. Cik, urang-urangan daék teu cara kitu téh nya ? hi..hi... -dul- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

