Panteslah lamun carita ieu, asup Kompas. Jang
nyumangetan pagawe leutik. Komo deui bari jeung lamun
aya ditayangkeun kana televisi. Cikan kang ndoell
menta hpna atuh, sugan wae bisa jadi conto "bedah
kasus" Rhenald Kasali.

mrachmatrawyani

--- ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Di kantor kuring, aya hiji wanoja, dedeganana mah
> kaitung leutik.
> Baheulana digawé jadi klining sérpis, tukang ngepél
> jeung mersihan
> toilét. Gawéna téh isuk-isuk.  Saméméh karyawan
> daratang, toilet téh 
> kudu geus bersih jeung seungit. Beurang sabada
> karyawan istirahat / 
> dahar, tuluy soré saméméh bubaran kantor. Angger
> kitu kénéh gawéna 
> téh. 
> 
> Batur-batur gawéna nu séjén mah mun waktu lowong téh
> taranggeluk 
> ngariung di pantry, tapi budak nu hiji ieu mah
> jigana rada boga 
> naluri bisnis. Karyawan pan kadang sok loba nu
> horéam ari kaluar 
> kantor téh. Nya panas téa, nya jauh téa, nya ribet
> kudu parkir jeung 
> sagala rupa.
> 
> Rengse digawé isuk-isuk, manéhna sok nawaran
> karyawan bisi rék meuli
> sarapan. Ménu-na mah rupa-rupa, aya bubur hayam,
> soto, emih rebus, 
> goréng sangu atawa kukuéhan. Sakali indit manehna
> nangtukeun tarip 
> sarébu pérak per `customer'.
> 
> dua jam saméméh waktuna istirahat kantor nya kitu
> deui, nawaran ka 
> karyawan bisi rék meuli dahar. Ménuna rupa-rupa
> deuih. Tina gado-
> gado, ketoprak, sangu padang, sangu warteg atawa
> sarupaning kadaharan 
> nu didagangkeun di pasar atawa sakuliah kantor.
> Taripna angger sarébu 
> pérak sakali indit per `customer'. Jam 12 téng wayah
> dahar, kadaharan 
> geus siap dimeja nu mesen.
> 
> Basa pausahaan klining sérpisna mutuskeun kontrak
> jeung sakabéh 
> karyawana, manéhna mah tetep 'survive'. 
> Batur-baturna démo, manéhna mah angger ujag-ajig ka
> pasar meulian 
> dahareun. Basa manéhna teu dikontrak deui jadi
> karyawan klining 
> sérpis, manehna jual jasa wé jadi tukang
> disuruh-suruh. 
> 
> Nepi ka ayeuna angger kitu kénéh. manehna unggal poe
> `ngantor'. Isuk-
> isuk mangmeulikeun sarapan, beurangna meuli dahar,
> kadang ka bank, 
> kamana wé kumaha orderan. 
> 
> Angkaribung plastik kérésék. Bari jeung apal pisan
> nu saha-sahana, 
> padahal sakitu lobana babawaan téh. Tangginas pisan
> jiga teu boga 
> kacapé. Teuing maké batré `Energizer' jigana mah. 
> heu..heu...
> 



        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke