Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426
Hijriah,
dibéwarakeun deui yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet
2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :
Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember
2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota
bunga, Cipanas - Puncak
Acara :
- Silaturahmi, Wawanohan &
Sosonoan
- Hiburan & Kaulinan
- Kongres, Diskusi
santei
- begadang bari meuleum jagong....asik wé lah...
-
Aerobik sareng jalan-jalan ka Kota Bunga
Lokasi :
Lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Jalan Raya
Cipanas-Puncak
lebet ka arah Kota Bunga / Taman Bunga Nasional.
Tiasa
kana angkot rute : Cipanas-Loji (warna konéng)
lungsur di payuneun "Tasik
artshop", teras lebet 500 meter
tiasa mapah/nganggo kendaraan.
Peta-na
ditangkodkeun.
Anggoan :
Santéi wé, nu gaduh kaos Kusnet mangga
dianggo,
pami teu gaduh, di lokasi HBH ogé aya nu icalan.
kudu mésér
nya....
Ka baranya nu bade mondok tong hilap ngabantun
jaket/
anggoan nu kandel kumargi hawana nyecep..
sareng sayogi
obat-obatan.
Nu bade olahraga, mangga ngabantun raket Tenis,
raket
badminton, oge bet tenis meja.
Kukituna, ka anu parantos ngintun konfirmasi bade sumping,
réngréngan Panitia ngantos kasumpingan sadayana dina waktosna.
Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali
silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.
Diantosssss...........
Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi
Wabarokatuh.
-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)
hapé : 08129056192
imel :
[EMAIL PROTECTED]