|
Aduh eta anu tibelat mani
panjang tur lebar deui….mani ngabibita wae kanu teu
tiasa nungkulan nyaa…. -----Original Message----- Sanajan HBH kusnet geus
kaliwat, tapi hatena mah masih keneh tibelat. Poe saptu isuk mangsa
meletekna panon poe,sikuring geus saged, sikukut geus dipanaskeun, ban hareupna
anu geus semu botak kusikuring diusapan bari ngagereneng sorangan " Wayahna
lain dewek tega ka iling, da ari geus boga rijki mah ku dewek ge
diganti, ngan omat ayeuna mah kudu sabar, tuh tingali kalender pan keur tanggal
kolot, jeung deui wayahna dijalan tong nyusahkeun dunungan, komo aya
niat hayang bitu mah, ngarti !" Cekeng teh kawas ka jalma wae, enya mun
jalma mah meureun unggeukna ge sababaraha kali tandana ngartieun. Numutkeun itungan, mangsa
dawuh geus nincak ka padaringan kebek, bari ngucapkeun asma
Alloh geuleuyeung sikukut lunta ninggalkeun pondok panineungan, diluhurna
sikuring anyeucleu bari ngagelang gas. Najan indit nyorangan, da sibarud
balad sikuring ngadadak bedo, tetep sumanget nuturkeun getih goib
anu geus tiheula ngamalir tur ngamuara di vila Batan. Tamba tiiseun,
kolotrak nyetel kaset hate,muka hariring anu kungsi apal timimiti lagu naha
salah, jalir jangji tug ka lagu jujur,teuing ditujukeun kasaha hariring
eta nu puguh mah sok rus ras ka popotongan. Sapanjang jalan angger we
mulak malik lagu eta, da enya nu apal teh ngan ukur eta etana. Ngahaeub kebon nteh hawa
mimiti nyilingit tiris,libido kontan naek, enya libodo hayang guras gares
kulub jagong. Palebah pengkolan botol kecap anu sagede alaihim, reg
eureun, ngalamun sakeudeung bari nyawang kahandap, teu diteruskeun da geuning
kalahka rus ras deui, teu jauh ingetan teh ras deui ka popotongan.
Sanggeus ngaliwat pengkolan taman bunga, disatengahing jalan bret hujan,
kapaksa mapay mapay sisi jalan,ngan edas disisi jalan ge hujan, nya kapaksa
ngiuhan dihiji warung, kaparengan nu nungguan warung teh awewe. Puguh we geulis
da awewe. " Punten ari vila Batan palih mana ?" cekeng teh bari
ngagular gilir peta. " Kirang apal !" jawabna pondok. "Ari toko
Tasik ?" Enya matak nanya kitu ge dina peta teh patokanana toko
tasik. "Toko tasik mah aya dua !" pokna deui. "Nu hiji dipalih
lebak !" Ari nu hiji deui ?" kuring motong. " Nu hiji deui mah
nya di Tasik !" jawabna semu heureuy. Anjog ka vila Batan awak
rancucut, asa kaubaran lantaran hawar-hawar aya tembang panineungan, duka
siambu duka teh Iva anu keur manggung teh, Swer dah ! Nining Meida mah lewat!
Sanggeus ngasah dampal leungeun alias salalaman jeung wadia balad kusnet,
langsung we uplek ngobrol jeung teh ipeut, nyacapkeun kasono, da tibaheula can
pareng amprok. Saterusna uplek ngobrol jeung MJ pleus kang Iim, timimiti rusiah
ngajar cap heureuy nepikeun ka ngadodoho jodo basa keur jomblo. Kahayang mah
hayang hiji hiji diajak ngobrol teh, ngan jadi barieukeun, eta atuh da loba nu
herang. Basa keur soting jang tipi Bogor, alhamdulillah cicing teh pang tukangna,
jadi nu katempo teh tonggong batur, najan kitu ge, ari waktu nyebutkeun
"tipina urang Bogor" mah asana pangtarikna ngagorowok. Jaga mun enya
ditayangkeun, heug aya nu nanya " Pajar atuh ngilu, geuning teu katempo
?" Nek dibejakeun we kieu. " Moal katempo tihareup mah, coba
ningalina tukangeun tipi,pasti katingali da pangtukangna!" Jam opat sore sabada
pamitan kasadayana, utamina ka apih Sidik anu tos haat ngawaragadan ieu
acara, oge ka panyicia anu tos tihothat tianggalna keneh.
Hatur nuhun tos diangken sareng tuangleueutna katampi pisan. Geus wakca
tianggalna moal ngendong, da ceuk itungan padaringan kebek teh ngan
ukur nepika jam opatan sore, ari peuting mah jadi padaringan ngerebek da
katirisan. Atuh kaduana matak wakca moal ngendong teh lantaran poho
teu mawa lilin, jeung deui jeung ngalilinan naon, da piraku kudu ngajak MJ
nyalingker ka pipir koteg mah, ngadon niupan lilin. Beu ! Enya we itungan teh teu
nyalahan, indit ngaligincing balik rangkibung da ngaborong jagong dijalan,
najan asa dibobodo ari hareupna enya aralus, ari tukangna paretot. Nepi ka
cimanggis nyalingker heula ka jongko, langsung we ngagedag pecel lele. Beuteung
pul teng, kontan milotan sikukut ge jadi galuang galeong tunduh. Palebah cawang
hape ngagurubug, seot heula kasisi, sihoreng teh ipeut sms. " Asa bagja
boga indung peuting teh, tengkiyu teh ipeut, hoyong sakadang keom ? ke di sms
nya he he !" Beu meuni mabay, hapunten
baraya !" Baktos (SR)
|
- RE: [Urang Sunda] TIBELAT Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Mia
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT kang boim
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Puspita Widyamulya
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT-bingah Tito Suryana
- [Urang Sunda] TIBELAT-bingah syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT-bingah Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] TIBELAT-bin... ahasveros

