--- In [email protected], "Gardiadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sajujurna abdi mah ngan ukur siuen paeh wae. Ari jalmi wargi muslim ti > Afganistan mah, memang keur ngalawan tentara nu nota bene (iue mah > bahasa inggris ciamis, punten.) ngajajah. Oge di Palestina. Tah kukituna > abdi nyarankeun, dupi aya urang sunda nu tos siap jihad perang mah, > mangga wae atuh ka dua nagara eta. InsyaAllah leres jihad fisabilillah > di bidang militer/politik. Ari urang sunda nu siuen paeh seur dosa na
WALUYA : Mantuan perang ka bangsa nu keur dijajah atawa keur ditandasa ku bangsa lain, kacida saena. Ngan memang kedah diemut oge, keur pribadi-pribadina nu ngiringan perang ieu. Sabab aya efek psikologis ka jalmi nu kantos ngiringan perang. Kapungkur, aya film Hollywood nu populer pisan, nayeta Rambo. Rambo pahlawan perang Vietnam, anu mulang ka nagarana, tapi sanggeus mulang, manehna ngarasa teu dihargaan / teu dianggap boh ku nagara atawa ku masyarakatna. Akhirnya rambo jadi 'trouble maker". Carita "rambo" leres ukur karangan, tapi saleresna ieu eunteung tina kajadian anu saleresna. Seueur veteran perang nu jadi "teu puguh rampa" waktu balik deui kana kahirupan normal. Waktu Afghanistan dicaplok ku Uni SOviet, seueur anjuran jihad ke nagara eta. Komo di Malaysia mah, lamun teu lepat mah Dr M nyalira ( Mahathir, PM Malaysia) nu oge satengah nganjurkeun. Anjuran ieu disanggap ku sabagian urang Indonesia, nu tadina mah datang ka Malaysia teh lain rek "jihad", tapi ukur digarawe jadi TKI. Nya ararangkat ka Afghanistan. Tapi, arangkatna para "pahlawan" Jihad ieu, jarang urang Indonesia anu tarerang. Atuh waktos marulih deui teh, teu aya "sambutan" nanaon, malah mah "ukur" dianggap TKI we nu mulang ka lemburna. Teu aya liputan pers, teu aya wawancara, pokona mah teu aya nu nanggap. Mulih teh nya mulih we. Sikep acuh masyarakat ditambahan ku pangalaman "traumatik" akibat perang, bisa jadi ieu anu ngadorong para "veteran" ieu nyieun tindakan destruktif di lemburna sorangan, ditambah deuih ku ayana "arus global" anu mangaruhan. Janten, upami nganjurkeun ngiringan perang atawa "jihad" ka nagara batur, kedah diemut oge, engkena waktu aranjeunna marulih deui ka lembur. Naha engkena dipasihan tunjangan hirup atawa dipasihan padamelan jst supaya maranehna bisa hirup normal deui. Hehehehehhe......tong seriosa teuing, kuring mah ukur ngacapruks .... Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving. http://us.click.yahoo.com/BrzMLB/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

