Title: Oleh-oleh HBH

Baraya, ti Villa Batan teh abdi mah kenging oleh-oleh buku dina basa Sunda, anu nyeratna oge para pujangga Sunda. Atuh asa kubingah pisan, margi salami ieu teh hoyong pisan tiasa nyerat dina basa sunda, nyerat anu nyastra tea...

Tah ieu hasilna, teu ditujukeun kasasasaha ieumah, asli fiksi. Jeung deui bahasana teu acan leres nyastra...maklum weh masih balelo diajar keneh. Punten weh pami asa teu nyararambung ...amburadul keneh.

Sabari heureuy harita teh ngobrol sareng teh Lia, sigana pami wanoja Sunda nampi surat cinta dina basa Sunda, bakal langsung ngagubrag..kapiuhan! heu heu...

Teh Lia, emut teu, batur mah keur tibra... urang mah ngagorolang weh macaan surat cinta, sanajan surat keur batur, rarasaan mah jang urang eta surat teh...;D peudah we resep kubahasana anu endah.


Titi

Ka para pujangga Sunda, diantoslah elmuna ku sim kuring.
===============================


Kahatur
Engkang di pangumbaraan.


Asa ku endah kamari mah, Engkang, basa abdi ngariung sareng dulur-dulur di Villa Batan Puncak. Ningali endahna kebon teh anu mayakpak satungtung panon, bet wararaas, emut kaditu kadieu. Komo ka Engkang mah, asa aya dina kongkolak panon salira teh. Asa aya nuju calik gigireun abdi anjeun teh. Tapi naha pas direret teh suwung, nu aya ngan hiliwirna angin nu mawa beja. Kolepatna kilat nu nyandak carita. Duh engkang, kunaon atuh bet kaniaya...abdi teh asa lewang jeung hariwang, teuing kunaon.

Urang teh bakal silih simbeuh kukanyaah, silih banjur kaheman. Kitu pan kasauran engkang harita, basa urang duaan patepung lawung disisi Waduk Darma, sataun kapengkeur, harita teh Engkang bade angkat mancen tugas. Urang harita kedal jangji. Bakal satia satuhu silih nitipkeun hate. Asa kamari urang nyawang endahna babarengan ngalalakon di ieu dunya, nya asa kamari pisan urang patali asih teh. Endah nya,Engkang, tapi naha asa aya nu ting celekit dina ati.

Sabaraha lami nya urang teh patebih, sataun kitu? ke...urang etang heula, Engkang angkat teh Januari...atuh nembe sawelas sasih nya urang teh patebih. Teu acan meuntas-meuntas taun acan. Tapi naha atuh kasatiaan anu ku abdi dianyam unggal dinten pikeun tamplokeun urang pami ngke patepang teh bet kasoehkeun ku beja ti Engkang. Duh...asa ku teungteuingeun ari anjeun.

Engkang, ieu kitu anu disebat jodo pati bagja cilaka mah rusiah Pangeran? salila tilu taun urang nganyam kaasih, miara katresna, bet asa kupamohalan mun rek peunggas di tengah jalan. Tapi geuning kieu kabuktianna, abdi mah didieu nganti, Engkang mah didinya sulaya.

Sasih payun Engkang teh bade mulih, kitu pan? urang sasarengan bade pesen acuk panganten, leres? bade milari gedong resepsi, milari katering, maheutekun jangji sareng juru rias, naon deui nya...oh muhun pesen ondangan oge...tapi naha hate abdi asa kunyeri-nyeuri teuing, Kang.

Ah, Engkang mah niat ngaheureuyan meureun nya, mawa beja jeung carita yen Engkang bakal nikah jeung nu sanes, alatan kacilakaan? satadina mah abdi bade bedegong weh moal percaya kana serat ti Engkang, tapi ieu hate...duh!

Tilu taun Engkang, urang sasarengan teu aya istilahna kacilakaan. Engkang mani teguh jeung pengkuh ngajaga hal anu teu kenging dilakonan ku urang. Tapi naha dina itungan sababara bulan Engkang teu kiat nahan gogoda?

Engkang, kieu meureun carita urang teh ahirna mah, ridho abdi mah nampi sagala anu tos digariskeun sanaos ieu cisoca hideung murubut titatadi maseuhan hate. Duh Engkang, kasaha atuh abdi muntang...


Anu tibelat, cintana teu kebat.

==============================

 

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke