nitenan beja "pabaliut" perkara bupati nolak narima nguburkeun mayit, kuring jadi inget kana obrolan kamari jeung abah surya. nyaeta ngeunaan respon masayarakat, kana artikel pikiran rakyat, anu nyimpulkeun majar abah surya boga pamadegan yen basa sunda teh hese. numutkeun anjeunna, tetela eta simpulan teh geuning can anggeus, alias "sapotong". cenah lengkepna mah, kira-kira kieu: kulantaran basa sunda teh dianggap hese, nya kudu dibarengan ku cara-cara ngajar anu kreatif. nu dicutat ku wartawan, ngan frase ka hiji, frase kaduana jigana "ngahaja" dipiceun ngarah boga ajen kontraversi.

kasus kadua, masih aya patalina jeung isu basa sunda. dina artikel pikiran rakyat oge, majar kang yus rusyana nyimpulkeun, yen dina perkara basa sunda di sakola, urang sunda ulah ngarawu kusiku. ieu oge tetela cenah ngan dicutat sapotong. ari lengkepna mah cenah kieu: pikeun ngajarkeun basa sunda di sma ulah ngarawu kusiku, sabab kandungan basa sunda nu rek diajarkeun di sma teh luas teuing, lantaran eusina disalaraskeun jeung kandungan pangajaran basa indonesia. padahal jumlah jam pikeun ngajarkeunana teu sarua. tah kitu asana nu katangkep ku kuring kamari. kang oman, upama salah pang ngoreksikeun.

nitenan dua kasus di luhur, jigana pikeun nyikepan isu bupati nolak mayit rakyatna, jigana perlu filter nu cukup. urang tungguan kumaha geletuk batuna, gejebur caina.

salam,
mh

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Informasi anu pangahirna, tadi enjing abdi kenging
wartos ti pun adi, anu damel di pemda Majalengka,  Ibu
Bupati teh nuju dines ka Jakarta dugi ka Sabtu
('dines' atanapi "nyingcet" tina masalah?)
Pan kamari oge anu ngadamel bantahan di PR teh ku Asda
I.
Karunya oge ka Ibu Bupati teh, teu acan pangalaman
dina mayunan "teroris" wartawan. Sigana teu biasa
nerapkeun "manajemen krisis", jadi asa langkung aman
lamun nyingkahan masalah ku cara "nyingcet" tea.
Padahal mah, siga ceuk kang Jaka, sagala tingkah
paripolahna teh 'dicatet' ku masyarakat.Boa-boa
kawijakanana tiasa jadi sinetron anu ratingna
pangluhurna.

Kamarina kuring ngobrol sareng hiji profesor ti
Fakultas Kesehatan Masyarakat UI. Teras eta profesor
teh naros ka kuring, asalna timana? Ku kuring diwaler
kalahiran Majalengka. Eta profesor teh  teu terangeun
daerah Majalengka. Teras kuring teh ngajelaskeun "Itu
lho prof, yang salah seorang penduduknya pelaku
peledakan BOM Bali II, yang mayatnya ditolak
dikuburkan di Kampungnya". Ku penjelasan siga kitu
teh, eta profesor teh nembe  terang daerah anu namina
Majalengka.


baktos,

mrachmatrawyani

--- tarawadul tarawadul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nepangken heula abdi turunan jawa tiasa sunda..
> linggih di JKT asala Kertahayu
> /Banjar/Ciamis/Jabar/Indonesia.....
>  
>   Ngenaan kabeh berita di handap etateh nembe'
> wacana teu acan fix  janteun nu hebat mah wartawan
> ,,,,,
>  
>   Sok geura ma,enya bupati kitu....
>  
>   Cag ah....



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke