rata-rata lamun ku urang dititenan kaributan di pilemburan teh asalna mah teu pira akibat tina beda pamahaman. Saperti kajadina anu anyar kaliwat di daeah sim abdi (kacamatan Paseh - Sumedanga) mimitina tina beda paham soal juma'ahan, nu hiji lamun jumaahan teh geus biasa make adzan 2 kali, nu hiji deui make adzan sakali. Tah titidinya anu make adzan sakali nyieun kelompok (jama'ah) atawa misahkeun maneh ngayakeun juma'ahan nu make adzan sakali, nu akhirna timbul kacurigaan majarkeun ajaran si eta mah salah teu parok jeung batur beda jeung urang nu akhirna ngarembet kana masalah nu liana.
Sok padahal mah lamun urang gede tinimbangan jeung asak jeujeuhan nanaon oge bisa dibadamikeun, lain ieu mah kalahka ngalajur nafsu da ari nu salah mah anu teu tara sholat juma'ahan lin....? boh adzan sakali boh 2 kali dua-duana ge bener (aya contona)
Jeung anu pangpangna mah tokoh atawa kokolot didinya sieun ilang pangaruhna atawa turun wibawa jeung sieun ditinggalkein ku jama'ahna laun tea mah ngabenerkeun yen sholat juma'ahan adzan sakali oge bener. Padahal teu kitu sabenerna lamun urang jadi pamimpin kudu leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laer aisan ceu paribasa tea mah. Jadi pamikiran teh ulah pondok tapi boga pamikiran anu jero alias lega ambahan atawa luhur elmuna.
Cag...ah, nuhun. (punten jadi ngalantur)
"kudjangs"
On 12/1/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Basa HBH kamari, ngobrol sareng Kang Iim, kang MGT oom Teddy jeung nu
sanesna, soal kaributan aliran agama di salah sahiji desa di Kec. Paseh
Sumedang. Dina obrolan ieu, tepi ka kasimpulan, boa-boa kaributan ieu teh,
disababkeun mimitina tina "beda aliran" ti "mainstream" nu aya di Desa
eta.
Tapi, mudah-mudahan we, kuring salah .......
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

