Ha..ha..ha..ha.....
Kang Syam, si teteh babarakatakan........aduh kang...!, nyaan seuseurian sorangan, nepi ka ngagareuwahkeun batur....he he
Sok atuh diantos terasna..! Kanggo neng Titi, taros heula kang keom, naha bade bela pati..?, sateuacan walimahan...he he
ipeut
(Nuhun kang Syam, si teteh kahibur, padahal keur seueur damel)
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur,Rai anu pangbageurna sadunyaEnung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,bingah pagalo sareng kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna lantaran tos lami dianti anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana jajantung, ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh akang kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah teu rumaos ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka danget ayeuna masih dipaparin jagjag waringkas teu kirang nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas kapungkur ku salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta mah teu langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat eta,panginten salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang salami ieu.Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung, miara karempan, da akang mah ti baheula ge tetep satia, moal sulaya kana jangji komo deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta dipangumbaraan seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate akang tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan paanggang aya dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh paanjang-anjang. Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa karindu dugikeun ka ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan ukur dina impian, ukur jeung anjeun.Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi, sasih nu ku urang dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina iketan laki rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos raos. Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, naha leres cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang buktikeun dina mangsa peuting munggaran. Ehem !Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu ondangan,juru rias, orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan, akang pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai ka abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah sakantenan masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun honda jazz-na, tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna sadunya !"Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu, bade wakca tiayeuna margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa rindu, rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang susuguh. Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan urang cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. Keun ulah kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab rumetuk sareng nu ngolebat ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan sosonoan. Salajengna hayu urang nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-ayanggung, leumpang paduduaan mapay mapay jalan Cipularang. Kumaha kersa ? Naha geuning bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh pinuh pangorbanan, pajar atuh kaasih teh taya pisan ka pamrih.Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung dina sasih rayagung ! Mugia !Nu nganti dipangumbaraan----- Original Message -----From: Julaeha, SitiSent: Wednesday, November 30, 2005 12:49 PMSubject: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBHKahatur
Engkang di pangumbaraan.
Asa ku endah kamari mah, Engkang, basa abdi ngariung sareng dulur-dulur di Villa Batan Puncak. Ningali endahna kebon teh anu mayakpak satungtung panon, bet wararaas, emut kaditu kadieu. Komo ka EngkangUrang teh bakal silih simbeuh kukanyaah, silih banjur kaheman. Kitu pan kasauran engkang harita, basa urangTapi naha atuh kasatiaan anu ku abdi dianyam unggal dinten pikeun tamplokeun urang pami ngke patepang teh bet kasoehkeun ku beja ti Engkang. Duh...asa ku teungteuingeun ari anjeun.Tapi geuning kieu kabuktianna, abdi mah didieu nganti, Engkang mah didinya sulaya.bade pesen acuk panganten, leres? bade milari gedong resepsi, milari katering, maheutekun jangji sareng juru rias, naon deui nya...oh muhun pesen ondangan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

