Bieu kuring sakali deui ka www.bps.go.id, panasaran, da ceuk BPS 
pusat mah, di Jabar teh lalaki langkung seueur ti awewe (sensus 
Nasional taun  2000), Ceuk hasil sensus taun 2000, penduduk jabar teh 
35. 729.537 jiwa, 18,051,784 lalaki jeung 17,677, 753 awewe. Janten 
ceuk sensus nasional mah, di Jabar teh (oge di Indonesia), surplus 
lalaki!

Tah upama ceuk data BPS Jabar, ayeuna (taun 2003) langkung seueur 
awewe, hartosna aya "perubahan drastis" sex ratio dina jangka waktu 3 
taun. Sensus nasional biasana dilakukeun 10 taun sakali. Hasil sensus 
nasional taun 1990 sareng hasil sensus nasioal 2000, sex rationa 
ampir sami, lalaki langkung seueur ti awewe. NU hartosna pola "sex 
ratio" ti taun 1990 dugi ka taun 2000, teu aya perobahan drastis. 
Tapi ti taun 2000 ka taun 2003 aya nu robih "luar biasa" ......... 
rada aneh oge nya?

Cik kumaha tah Teh Ika, urang Bapeda, sugan terang kunaon datana jadi 
rada pajeujeut kieu?

Baktos,
WALUYA


 


--- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
==== dikeureut
>   Penduduk
>    
>   Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44 taun taun 2003 
teh total jendralna aya 23.107.717 jiwa (tangtu wae jeung badanna, 
sabenerna mah, piraku ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah 
sakitu, panglobana sumebar penduduk Jabar teh di Kab. Bandung (11%), 
Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung (7%). Nilik tina angka prosentase 
ieu, anu teu ngahontal nepi ka 10%, kawilang rata oge sumebarna 
manusa anu dumuk di Jabar teh.
>    
>   Lolobana awewe
>    
>   Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe dibanding 
lalaki di Jabar, tetela loba keneh awewe. Geura wae timngali angka 
ieu: tina jumlah 23.107.717 jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 
(50,44%) diantarana eta awewe alias wanoja, sedengkeun sesana: lalaki 
(yakin teu yeuh ka BPS? boa-boa aya diantarana anu lain lalaki, oge 
teu kaasup awewe, wallohu'alam). Anapon Kab./Kota anu panglobana 
awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes ceuk Kang Sony jagoan game 
ieu mah), tetela ....Kota Tasikmalaya (lain Indramayu geuningan). 
Ceuk BPS, taun 2003, babandingan jumlah awewe dibanding lalaki 
penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora - eta 55% : 45% 
atawa di Kota Tasikmalaya, taun 2003, aya awewe sajumlah 290.916 jiwa 
sumanding jumlah penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup 
Tasik euy...eh!!!. 

========Dikeureut =========

>    
>    
>   baktos,
>   manAR
>    






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke