Panasaran ku "komentar" sorangan ngeunaan Tari Merak di HBH Kusnet kamari, kuring kurah-koreh dina pabukon. Neangan buku nu diwedalkeun ku MSPI, ngeunaan Cece Somantri jeung Tb.Omay Martakusuma. Karah manggih sawatara majalah Budaya nu diwedalkeun ku "Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PP&K", mangsa Tb.Omay nyangking pupuhu di eta lembaga.
Dibulak-balik, aya tulisan di handap ieu. Ngahaja nitah disalin, oge sawatara tulisan lianna, sugan aya mangpaatna.
Anapon ieu artikel aslina ditulis dina ejaan Suwandi atawa Ejaan Lama. Iwal ti nami nu nyeratna (Tubagus Roesjan, karyawan Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PP&K) nu tetep dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakan di dinya diganti ku EYD. Ari nomer majalahna mah, nomer 3. Ngan,
taya tanggalna. (Pantesna mah taun 1953, luyu jeung tulisan lian nu aya dina eta majalah). Ieu tulisan nyampak di kaca 7 nepi ka kaca 12.
Hurup-hurup nu dikandelan, aslina dina eta tulisan ditulis ku hurup badag. Ku kuring diganti sangkan teu sareukseuk teuing katingalna.
Nyanggakeun...
MGT
===========================================================
Sunda Purwa
Unggeling Tambo Tulangbawang pustaka sigotaka Lampung asal paririmbuan Mpu Gandra, lontar pusaka kagungan Dipati Bangso Radin, Kepala Silebar taun 1668 Masehi
ujaring tambo tadi, dina pajamanan beungeut banua urang hieum sieum ku paleuweungan kiara katut paku tihang anu laluhur, tanah Sunda taneuh teureuh teh lain lainna deui jeung ules palemahan kiwari.
Wates daratan lautan ngabengbeos beda, jauh geseh jeung nu ayeuna. Banua Sunda ngagebleg ngahiji jauh ka tungtung kaler; wetanna tiba kakeureut ku gupitan Lombok kiwari. Nya payus lamun ti Bali ka Banten kocap sakabudayaan buhun
teh; kecap Bali cenah kasarna tina Banten, anu hartina: korban; pantes deui di Banten loba ngaran desa Kebalen teh, sarta dialek Jawana kapi diteuleung.
Pangeusi Sunda alam harita, tegesna manusana, corengcang keneh pisan, mutuh manuang-maniung; ngaromongna tacan sampurna sarta sok silih hakan.
Palemahan ngajalembrung ku jawawut jeung hanjeli. Di luhur tingkarayap tinggarayot tando, ukuran jangjang upama meber ti tungtung ka tungtung deui kana 8 kaki. Dina kakayon anu caraneom ku areuy gantung, anu munggah rambay lir tumbak binang teu kabilang, ibarat janggot Sang Kala Windu, di dinya jadi paniisan: para ipri, kuntianak, durjana jeung gandarwa; kurcaca-kurcaci; dedemit
eusi lawang taji, onom ngorobokan lakbok; siluman sileman dina kai dina leuwi; jarangkong pating juringkang; ririwana newo-newo. Jinis-jinisna: ngajirim ngariringkiwik, gewewek ngalelewaan, rerengkenekan nyanggerengan; sanajan katon anu ampuhna, respati nu raresep ngaheureuyan, daek irak sinigawe, malah ngaraksuk ngaruksak; turunannana oge lolobana jadah, beungeut nu hejo nu biru, geus puguh anu bareureum, kiwarina kaperlambang dina wayang; kitu deui aya nu wandu nu banci, mala wadu malawading, sabalikna aya nu reuneuh ku birahi pribadi.
Leuwi-leuwi dieusi lulun samak, lentah buhun ngagelemeng hideung, anu jinis jeung gedena teu geseh ti samak sajadah; petana caricing ngampar dina dasar cai; upama karasa aya nu cakrub ngaraas meuntas walungan, ngagebay nyampeurkeun mangsana, nyeuseup nyepot getihna.
Di janggala pancatengah anu pangcarangna ngalaman bahya alam atawa igeungna lini, di dinya jadi panahaban panonoban mahluk-mahluk atawa hewan kajinan, bangsaning maung kajajaden, monyet tumang ngabuntut ajag, aul jeung sejen-sejenna.
Kaayaan alamna anu asal hieum ku halimun, maju windu narawangan; dina hade poena, awang-awang pareng suwung aling-aling, haneutna srengenge sumarepsep sumarambah satengahing lemah, ngagelar seni alam anu narik asri rasaning ati. Langit nganggit: layung umyang semu ruhay, bulan purnama munggah ngepray, bentang baranang tingkariceup tingkaretip. Tutuwuhan wuwuh cukul, katojo dayaning teja, cahya candra sinambungan sinar surya.
Buhbeh dangdaunan anyar aneka warna katut wujud; paria lir meunang ngukir, sasampeuan ngaramo lima, mamangkokan semu mando, kewung cumondang ngadago ciibun ngendong, atawa cihujan nganjang, dumadi cikahuripan; purwa sarwa hejo mupucuk mencenges koneng, atawana bodas cekas, undak hias pulas kayas, kana meuhpeuy beureum eceuy; sapuratina ana pareng pisan ngumpul lir nu midang ngaborelang, siang sari ngaburahay.
Kembang anyarna laligar, make nyambuang wawangen, resmi lasmi ngadalingding. Ganda arum lir pangrungrum, ngajerum alumna alam.
Keleper kukupuna kumareumbing nyeuseup madu, warna jangjang ayun puntang ninggang kembang adu gandang! Beh puspa mangandeuhna aneh aheng; teu euweuheun teup euteup manyeuseupna,
manuk leutik rumanceunik ngilitik ngebeki seni
Eta samudayana lir sumawur warna sewu paala bakat sarosopan susurupan dina mandi cahya rebut teja. Ku kituna alam atuh lir ngaitkeun wangsit daya seni kana guha-guha Kasundaan
perlambang budaya Sunda ayeuna.
Windu patumbu-tumbu, jaman patema-tema, er kasurak ka japaria hebatna wawales Maha Purba Wisesa ka jalma-jalma anu ngesek-ngesekkeun agama sebaran Nabi Noh: Likuran gunung di Timur baritu, di antarana di urang gunung di Rajabasa, G. Kaapi lebah Gupitan Sunda kiwari, G.Pulassari (salah urang nyebut Pulosari teh), G.Karang, G.Aseupan, G.Kutu (jauh di Laut Kidul), G.Sunda (Cimahi), G.Dago (Bandung), G.Sangguriang
(Cirebon). G.Mer-(b)abu/Mer-api, G.Se(me)ru, G.Gurun (Lombok kulon), jste.
Lemah Hindi gonjing ranjing gunjang-ganjing, pangeusi Sunda geunjleng genjlong; langit angkeub lir tungkeb bumi alam, lini-lini pagilinggisik nyasar bumi, banjir laut munggah ulekan, seuneu ngabebela ngamuk ngabula-bali, tinggeleger tingburinyay, jagat raya oreg kadya kiamat...
Salelerna sarerepna, sesa jalma lir ngambah alam balagadama, beungeut dunya pindah warna salin rupa; Sunda bengkah nga-nusantara, nya eta kapuloan: Kendeng (pulo dawa/Jawa) Suwarna (Sumataram/Andalas) Waruni (Brunei/Kalimantan) Ma Kasar (Sulawesi bihari)
Gurun/Panida (mecah miraga jadi Bali jeung Lombok) saterusna.
Tuturan tambo, wiwit G.Dago les ieu ana tembong talaga tilu, di antarana Situ Bandung; kitu deui G.Karang anu teu ngajegir deui kaya bihari, kahibatan situ Dano jeung talaga Bitung panyebolkan ti laut; G.Sunda owah magunungan Burangrang naratas Tangkubanparahu narutus Bukittunggul. G.Aseupan teu haseupan deui; tebeh gugurna G.Ka-api timbul bisul taneuh anyar: Batuwara (kapuloan Rakata).
Sasurudna banjir laut, Nusa Kendeng meh sapanjang basisir kidul kalampud ku saeuran taneuh bawa banjir, anu ahir ngagemuk matak cukul tutuwuhan; ari di basisir
kaler nyalangkrung rawa ranca nu ngahudang sasalad muriang panas.
Panutup caturing banjir, di kidul nganclang Tambini (Nusa Larang = Nusa Kambangan) rada anggang ti darat; di dinya kocap aya wanitana celuk-celuk ngenta tulung, nyoba-nyoba meta ngojay (ujaring dongeng ahir nyurup jadi duyung teu kungsi kajait deui, manut Rara Kidul).
Runtuyan ti kawit Adam terus narutus ka surudna banjir laut jaman Noh, puguh ge aya hikayatna, ngan pakeun ngabahas Sunda mah kawas teu pati perlu ditataan, iwal ti pakaitna jaman.
Nabi Adam anu wartosna 930 taun yuswana, meh kana 9 winduna ngembang (nyebarkeun) timbalan
Mahasuci; puputna yuswa teh pareng Noh kungsi cekap nampi wangsit-wangsit Adam ti ramana. (Nyebut taun soteh bieu, duka taun Surya duka Sukra, biheung taun Kahiangan).
Salsilah Adam tepi ka runtagna G. Ka-api, miturut rata-rata raratan mah: Adam- Sis Janus Marid Idris Lameh Noh; ceuk tururan pawayangan: Adam Sis Anwar Nurasa Wenang Tunggal Guru.
Demi Nabi Noh palastra 350 taun sanggeus Banjir gede, ditema ku dibabarkeunnana Ibrahim, dina geus nincak pajamanan Batu Purwa jeung leuweung piaraaan di mana-mana.
Ujaring tambo deui, jiwa banua Alak paul Atas-angin bet ngaraitkeun minat, katarik sasat kapelet, kagiwang cacap kagembang ku kaajaan palemahan di Sunda anu sakitu bulukusutunna jeung meh tumpurna balas diamuk banjir laut...tanah urang magar sieup pisawargaeun dunya Timur! Malah nimpahan nelah: Pulo S a w a r g a!
Mun seug ieu dihareoskeun ku laleyr putih ka urang, pribumi melikna ayeuna-ayeuna, nu keur marabok merdeka, ceuk sompralna meureun: Emang, nye! Lemah cai urang mah puguh ge ti baheula biharina geus piheroyein deungeun; ti kikirik dipisudi, ti ngongkoak dipisuka, bubuhan jadiannana, pingitan si kuku mudik, peuyeuman si leugeut teureup! (Roesjan).
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

