|
Baraya, kuring kamari dina raraga ngaliput kagiatan HKN
(Hari Kasehatan Nasional) di Subang kuring ngobrol jeung Bupati Eep
Hidayat.
Ceunah anjeunna boga program hayang ngamajukeun kasehatan
Penduduk Subang ku program loba dahar buah-buahan, sayuran jeung
lauk.
Program nu ieu make sistim gotong royong. Misalna
buah-buahan jeung sayuran rek dipelak ku pamarentah bareng jeung masyarakat
sangkan engkena rakyat bisa ngala buah atawa sayuran bari bebas. Kitu deui
kana lauk rek ngawangun situ-situ nu bisa dipelakan lauk nila jeung belut. kabeh
program ieu geus di mimitian ku anjeunna dibalongna di Cijambe jeung melak
sayuran dikebon. Nu engkena rakyat meunang ngala bari bebas/gratis.
Kitu deui jeung program jamban umum. Ku program gotong
royong pamarentah bisa mere bantuan alat-alatna. Sesana ku rakyat.
Ideu ieu teh ceunah hayang siga baheula. Jeung ideuna teu
muluk-muluk. Ceunah... ieu oge...
Cik baraya aya nu geus ngamimitian siga kieu teu di daerah
sejen? Mun aya cing kumaha konsepna sugan bisa diadurenyomkeun jeung Om
Eep.
Baktos,
Om TEDDY
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Program Buah-buahan, Sayuran jeung Lauk Om TEDDY

