kang Maman Gantra ning meni saee nyaa sms2 na teh...
 
 
hehehe...
 
baravo ah..
 
mangga nu sanesna nyusul ah hehe..
tapi nu hirup end enjoy..........mmm

Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lebaran kamari mah rada prihatin. Lain bae rumasa lumokot ku dosa, rumasa sok sisiku jeung rerengkas. Tapi, pamajikan ngadon gering. Eta ge kungsi dibawa ka dokter, ngan teu daek dicaram. Teu kaop meleng, manehna ngolesed ti enggon. Ngilu cakah-cikih, ma’lum rek Lebaran. Antukna, karah karugrag. Tatanya ka dokter teh euweuh tapakna. Malah leuwih parna: Unggal peuting humarurung, kesang ngoprot, bari irung mengpet. Tisu pabalatak dina enggon, kuring teu meunang ingkah. Kudu mencetan sapeupeuting.
Tilu poeeun deui ka lebaran manehna can jagjag keneh. Kasawang: Moal bisa ka mamana. Padahal, kuduna, kamari teh giliran Lebaran di Bandung, di imah kolot kuring. Kapaksa silaturahmi jeung munjungan teh ngaoptimalkeun SMS. Bari mencetan tonggong pamajikan, kuring ngirim SMS ka sakumna baraya jeung kawawuhan. Teu ku hanteu, nu teu pati loma, dalah nu teu wawuh pisan, ku kuring dikiriman SMS. Pangangguran. Lain bae artis jeung seniman, “relasi” mangsa keur jadi wartawan. Sawatara inohong – boh nu nyekel kalungguhan di pamarentahan atawa swasta pisan – kabeh dikintunan SMS. Kabeneran, dina adress book aya sawatara nomer maranehna. 
Tetela, leuwih efektif geuning. Dosa teh asa ngurangan. Naha perbawa Lebaran, atawa kakuatan basa nu nyampak dina kekecapan nu ditepikeun dina eta SMS? Atawa perkara kaihlasan jeung otentisitas nu nulisna? Wallohualam.
Nu pasti,  SMS nu mairan silaturahmi kuring atawa nyodorkeun pangwilujengna, unina teh rupa-rupa. Siga nu nembongkeun dirina sewang-sewangan. Aya nu  pikahelokeun, alatan jauh pisan tina implengan kuring ngeunaan eta jalma. Aya oge nu matak tingtrim kana hate. Atawa, matak ngehkey pisan -- paling henteu, keur kuring, nu rasa humorna teu leuwih luhur manan dampal suku. Sanajan, teu saeutik oge nu eusina lempeng-lempeng bae. Standar. Siga SMS nu dikintun ku hiji inohong nu ngantor di Senayan ieu:
 
TERIMAKASIH PESANNYA SELAMAT  IDULFITRI MHN MAAF LAHIR BATHIN
 
Sanajan standar pisan,  malah meh leungiteun “citarasa”, alatan tulisannana kabeh ku huruf gede jeung teu make tanda baca pisan, nu matak kuring ajrih : Eta ku kersa ngawalonan SMS cacah pantar kuring. Boro-boro loma, wawuh ge heunteu. Naha, pedah anjeunna politisi kitu? Matak dipairan ge, kuring dianggap calon pemilih pontensial dina Pemilu engke? Teuing...
 
Nu matak helok kuring,  salah sahijina SMS nu unina siga kieu :
 
Terimaksih. Ya Allah…perkayalah saudaraku ini dgn keilmuan, hiasilah hatinya dgn kesabaran & kasih sayang, muliakanlah wajahnya dgn ketaqwaan dan perindahlah fisiknya dgn kesehatan, serta terimalah amal ibdah ramadhannya dgn kelipatgandaan barokah dan magfirahmu. Minal a’idin wal fa’idzin. Taqabbalal lallahhu mina waminkum, taqabal ya karim, kullu amin waantum bi khair. Selamat ‘idul Fitri 126H. XXX & kel.
 
Maca eta SMS, cipanon meh nyurucud. Karasa kaihlasan eta do’a jeung nu ngadu’akeunnana. Padahal, teu wawuh teu sing. Helokna deui, sakanyaho kuring tina media atawa omongan jalma ngeunaan anjeunna, eta inohong teh teu ningalikeun citra nu relijius atawa nyantri kawas SMS-na. Malah, pan, ceuk tadi ge, lain bae karasa relijiusitasna eta inohong. Tapi, oge karasa kaihlasannana. Du’ana matak tingtrim kana hate.
 
Di hari yang fitri, maafkanlah saudaramu ini. Walau trasa sulit tuk memaafkan sang penguasa negeri. Tundukkanlah hati, walau inflasi meraja. Sampaikanlah doa buat 40 juta duafa <xxxx & kel).
 
Eta mah SMS nu dikirim ku hiji ekonom, urang Sunda, nu jelas teu panuju kana kawijakan paekonomian neolib ala SBY. Sanajan basana murwakanti, tapi keur kuring politis teuing. Tangtu bae,  kaihlasannana karasa oge. Naon nu di-SMS-keunnana, sakanyaho kuring, luyu jeung naon nu diprakkeun atawa digugulung dina kahirupan sapopoe anjeunna.
 
Dina hal pupuisian, bandingkeun jeung jawaban di handap ieu. Ti hiji kolot di Makassar, penyair, nu siga Ua Sas,  muka panto pabukon pribadina keur jalma loba :
 
Hakikat cahaya bulan bersarang pd matahari, tetapi cahaya menyangkar dlm lipatan jiwa dan hati. MOHON MAAF LAHIR BATHIN! Selamat Idul Fitri minal aidhin wal faizin (XXX sekeluarga).
 
Jero pisan, pan, hartina? Sigana, leuwih jero manan Laut Banda. Hehehe...
 
Aya deui hiji SMS nu ceuk pangrasa kuring: Nembongkeun kakuatan jeung kaendahan Basa Sunda. Ongkoh nu ngintunna, salah sahiji nonoman Sunda nu kandel jeung liket pisan ka-Sunda-annana. Mun urang leukeun nitenan seratan-seratan anjeunna, karasa kaseukeut pikir jeung manah anjeunna.
 
Wanci janari marahmay asri nganti sasih nu fitri. Ati nu surti neda jembar pangampura. Wilujeng nampi kabagja sabada nyorang lara puasa. Mugya waluya mapag salira.
 
Aya deui nu unina:
 
Tembang Melayu mengalun riang, kaki menghentak tiade henti. Kini datanglah bulan kemenangan, jika ada salah kata mohonlah kami dimaafkan. Met lebaran Id.
 
Pangwilujeng nu karasana “centil” jeung “maksa”. Ma’lum, nu nulisna artis. Hehehe...
 
Idem tito; ibid; loc cit. punten seepeun kecap endah, nu penting niatna sae. He..he..
 
Eta mah pangwaler ti hiji dosen.
 
Paralun nu ka suhun
Hapunteun nu ka teda
Nyuhunkeun dihapunteun dosa alit & ageung
Met boboran 1426 H.
 
Narima jawaban di luhur kuring ngagakgak. Lain nanaon. Kuring ngirim pangwilujeng ku Basa Indonesia. Oge: Ieu inohong teh lain urang Sunda, urang Jawa. Penyair, nu  katingalna “sentimen” ka urang Sunda – utamana pisan ka salah sahiji inohongna. (Sanajan, manehna ajrih pisan ka Ali Sadikin. “Presiden saya Ali Sadikin,” ceuk manehna, waktu dikolongan saha nu kira-kira pantes jadi Presiden RI, baheula basa reformasi mimiti meletek). Sigana, eta SMS teh meunang naroskeun anjeunna ka baturna, awewe Jawa-Ambon nu memang alus Basa Sundana alatan ti leuleutik cicing di Bogor. Kana eta SMS, kuring mairan siga kieu: “Kalau Raden Moesa menerima SMS Anda tadi, beliau pasti bangkit dari kuburnya,” ceuk kuring, ngaheureuyan. 
 
Ma’ap…bukannya saya mau ganggu, bukannya mau ikut”an jg, tp ma’ap… Saya bener” mau minta ma’ap…Kan IDUL FITRI, ma’ap…Lahir Batin ya… Ma’ap…
 
SMS eta lain ti inohong. Tapi, babaturan kuliah kuring, nini-nini. Siga SMS ti penyair nu urang Jawa tadi, kuring ngehkey waktu narima ieu SMS: Kacipta eta nini-nini gaul, urang Garut, rada bayuhyuh, metakeun kalakuan hiji tokoh dina sinetron Bajaj Bajuri. Ma’ap..., ma’ap...
 
Ari SMS nu paling tegep, nu unina di handap ieu :
 
Wilujeng Lebaran, hampura abdi nya, pliiis….:-)
 
Ti Kang Nanang, anggota Kusnet! Siga SMS ti “si nini” jeung “si penyair Jawa”, kuring ngehkey waktu narima SMS eta. Kabayang, jalma siga Kang Nanang nyebut “pliiiss...” teu beda jeung suan-suan pamajikan nu omongannana sok direumbeuyan ku kekecapan sarupaning “pliiis...”, “najong”, atawa “so what gito, lho?”.
 
Atuh, jawaban kuring ka Kang Nanang ge teu eleh “gaul”: Sama-sama, gitu, loh...
 
Tetela Lebaran teh mere kabagjaan ka jalma loba. Sanajan ku hal anu “teu pira”: Basa.
 
 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441

Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke