abdi ke ngabantos doa bae lah

hehehehehe


rosma ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiringan komen Kang Ato…
hebring pisan ideu the, Kang…(ngacungkeunduajempolpanangansarengsampeyan)geura prak atuhhh… sanes Eropah wae, kanggo di Asia mah ma’nya eleh ku India?...
Simkuring hoyong ngiringan babantos mah, da damel di widang IT tapi hanjakal sanes programmer
 bilih lepat, ke pabaliut kalahka teu beres-beres alias ancur.
Kieu we, bilih peryogi Server, PC,
Notebook sagala merk aya HP, IBM, Acer, softwarena sareng sajabina ge aya di simkuring namung sanes haratis…alias kedah mezer…heheh…
 
Rosma.
 
 
Message: 17        
   Date: Tue, 6 Dec 2005 08:52:09 +0700
   From: "ato.riyanto" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: RE:
 RE: KOMPANYEU REUEUS SUNDA ---> SUNDANISASI SOFTWARE
 
Kang Durahman,
Kutan kantos nya Nyundakeun google. Abdi ningal google.co.id mung basa
Indonesia sareng basa Jawi, eta meureun akang pundung janten we mung 
dua
basa eta hehehe teu aya basa Sundana. Alhamdulillah ari tos pangalaman 
mah
Akang.
 
Perkawis basa nu digunakan dina software, usul pribados mah urang 
saluyukeun
sareng wikipedia basa Sunda nu nuju "in progress". Pan aya nu  nuju 
macul di
wikipedia, urang taroskeun we ka anjeuna.
 
Muhun software opensource teh kamajuanana kacida sae-na, aplikasi-na
katingalna mah tos sagala widang, mangga tingal salahsawiosna di
sourceforge.net (tempat programmer opensource ngumpul
saalam
dunya)---salahsawios nu ngahasilkeun software Apache, mySQL anu 
kawentar
saalam dunya. Ti aplikasi individual, aplikasi sistem, aplikasi anu 
nangkod
dina sistem (embedded), dugi ka aplikasi kanggo ngajalankeun 
mangrupa-rupa
usaha tos araya proyek-na, nya di garap ku programmer opensource saalam
dunya eta.
 
Tah software2 eta teh tiasa di Sundakeun, kaleresan bangsa lain mah 
meni
aktif sapertos Spanyol, Perancis sareng Jerman. Keun masalah aplikasi 
naon
nu bade di Sunda-keun engke urang badamikeun.
 
Nu kalintang penting mah kanggo 'brainstorming' awal mah nyaeta: 
ngumpulkeun
pendapat, ngumpulkeun sumanget, sareng ngumpulkeun programmer urang 
Sunda nu
kersa janten volunteer. Plus nu pang pentingna oge, nyayogikeun waragad
server (nu tiasa diakses ti Internet) kanggo kolaborasi sakumna 
programmer
Kusnet saalam dunya tea (pan
Internet teh jaringan komputer saalam
dunya---janten teu aya batesan geograpis).
 
Tah nu ku abdi katarik teh management programmer na anu kacida
 rapihna,
kumaha mun urang nyonto management programmer-na ti sourceforge.net 
eta.
Mudah2an tiasa di waragadan ku Kusnet.
 
Urang cobian 'explore' perkawis management programmer ieu langkung 
tebih...
 
Baktos,
Kang ato
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Yahoo! Personals
Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke