Kahatur salira
Nu
sok manjang kapiraray
Salam katresna ti
katebihan
Hapunten pami ieu serat nembe diwaler. Da puguh abdi nembe
lebet damel deui sabada harita teu damang. Ah duka ku naon atuh kamari mah
asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu percanten
pami salira bakal ngantunkeun abdi. Asa teu percanten lamun rasa bogoh anu
keur pogot kudu peunggas ditengah jalan. Padahal nya Engkang, hirup mah poe
ieu. Isuk jeung pageto, kakara ngelemeng dina
wangwangan.
Kamari abdi lumeungis asa leungiteun pamuntangan. Kamari mah
abdi lir kapeteungan taya geusan pangeunteupan. Asa ku teungteuingeun
anjeun…sulaya kana jangji sanaos abdi sadar yen rasa mah sakapeung hambar.
Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh jadi geuleuh,
henteu kenging disisieuh. Upami enya tea mah salira tos gaduh nu enggal, ah
abdi mah bade sadrah we, bade nampi kana kulak canggeum bagja awak.
Ngarumaoskeun diri da abdi mah puguh laip. Piraku jalmi siga Engkang kersa
ka abdi nu teu aya pupurieunana.
Engkang, langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa abdi nampi
serat ti Engkang. Naha leres eta teh,
Kang? Yen serat kamari sanes ti Engkang? Naha leres Engkang masih satia
satuhu nyepeung jangji nu kantos medal antawis urang duaan. Ah asa teu
percanten tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu
pias koneas teh ngadadak jadi
kayas.
Lamun seug abdi gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang,
nyusul anjeun dipangumbaraan. Najan dipisah kusagara, kaamparan banua, da
meureun masih salangit, hate urang tetep
ngait.
Engkang, pami
tea mah leres naon-naon anu diserat kamari teh, sok atuh buktoskeun. Kuabdi diantos
pisan dina sasih Rayagung. Engkang teh
leres-leres bade mileuleuheungkeun abdi? Sanes mung ukur saheureuyeun
wungkul? Sugan ngimpen kitu ieu
teh? Ah keun wae ketang ngimpen oge asal ulah waka gugah we. Sono keneh kana endahna, resep
keneh nguping galindengna. Leres Engkang,
lagu cinta mah kareueut teu nganggo gula ge.
Ari pikeun abdi piraku bade nampik, naon atuh hartosna
kasatiaan salami ieu, naon atuh hartosna kasabaran nganti ari dina waktos
ngala buahna kalah ka ngejat. Mangga Engkang, ku abdi diantos di rorompok
dina sasih Rayagung. Tong hariwang peudah rarebo ukur ku kasono, ulah sieun
peudah angkaribung ku rasa rindu, da pan ATM Engkang atos aya di abdi,
kantun ngagesek.
Peudah eta Engkang hoyong ka Villa Batan, hayu atuh,
abdi mah ngiringan kumaha salira, bade dibeureum bade di hideung teu
langkung. Abdi oge moal sieun ku rametuk, moal inggis ku nu ngolebat salami
masih aya engkang disagigireun abdi. Atuh ari tos ti Villa Batan mah bade
sosonoan deui sabari mapay-mapay Cipularang, mangga teh teuing, asal Engkang
kersa we ngagandong abdi. Maenya atuh Engkang tega ningali dampal abdi
lalecet alatan aspal mah.
Jungjunan pangharepan ati, mapag wanci nu bakal
kasorang, urang silih du'akeun mugia Gusti Nu Maha Kawasa maparin kakiatan
ka umatna anu seja ngawangun rumah tangga sakinah. Sasih Rayagung bakal
nyungsi, abdi bakal nganti salira nu tetep dipikaemut. Sok samar polah pami
emut kasalira teh. Henteu siang henteu wengi, kitu lepat kieu sanes.
Kalangkang anjeun teu ilang-ilang ti emutan abdi, saban menit saban detik nu
aya teh ngan salira hungkul.
Diantos dina sasih Rayagung, kade ulah ngaheureuyan
deui, bilih abdi enyaan pundung. Pami seug abdi pundung teras nampi duriat
nu sanes, naha Engkang moal kaduhung? atanapi eta pisan anu ku Engkang di
seja?
Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang
merenah neda hapunten, da Engkang ge pan uninga abdi mah teu tiasa nyerat
anu ngawirahma siga para bujangga.
Nu teu weleh mikasono.