|
punten teu ngiringan HBH kamari.. ari waktos HBH
aya kacapian teu ? asana teh nu kadangu teh kalah karaokean ? piraku atuh teu
kacapian ? he he he..
-hepi-
Bisa wae kitu Kang Iim, kacapi suling mah wirahmana gumbira. Ngan, lamun
nengetan kawih-kawih saperti "Samoja", "Malati di Gunung Guntur", "Hareupeun
Kaca", jrrd, rasa sedih anu karasa teh.
Duka ketang, upama Mang Koko jeung nu lianna, ngahaja ngagunakeun wanda
kacapi-sulingan dina ngadugikeun kawih-kawih saperti anu bieu ditataan,
sangkan anu ngadangukeun teu ngarasa sedih teuing. Cohagna mah, keur
ngadugikeun "pesan: anu sedih ku cara anu gumbira. Naha leres kitu, para
wargi? Mangga diantos pedaran nu sanesna.
baktos,
manAR
On 12/7/05, kang
boim <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Punten
ah... sakedik nambihan, sigana bedana antara kacapi suling jeung
cianjuran teh dina lagam atawa wirahma na ari kacapi suling mah lagam na teh
ngaharib-harib kana rasa gumbira jeung alat musikna ku kacapi rincik jeung
suling (kadang teu make suling ge tos genaheun) jiga lagu anggrek japati
jrrd. Lamun tembang cianjuran mah lagam atawa wirahmana teh melas melis loba
cekokanana (naon nya istilahna teh) jeung sok ngagambarkeun gerentes
eusining hate, ari pamirig tembang cianjuran mah ku kacapi indung jeung
kacapi rincik panerusna + suling (mun teu salah mah sulingna oge khusus).
punten ah ieu mah rada ngacapruk jeung sabulang bentor, maklum sanes
ahlina ukur resep jeung reueus kana kasenian sunda...heheh (nya ari nakol
goong bae mah insya Allah...heheh)
Cag...ah, nuhun.
"kudjangs
kembar" (urut tukang goong)
On 12/7/05, Dudi Herlianto <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun mang Oman,
nambahan elmu kuring yeuh, (salah sahiji kauntungan cicing di
bakus).
Mang, sakitu ge ceuk kuring mah eMang teh ahli he he he he...
Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara
maenkeunana, wirahma lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang
pamadeganana.
baktos,
manAR
-- "keindahan dan kekejaman, mengapa keduanya itu
sering bergandengan dan kawin?" (burung-burung manyar, yb.
mangunwijaya)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|