Kieu cu.. (bari ngusapan janggot, regot heula nginum cikopi)

Leres aya sababaraha wanda dina tembang cianjuran teh, teu apal sabaraha
seueurna wanda tembang da kapungkur mah ngacapina otodidak

Tembang sareng tepak kacapi unggal wanda teu sami, masing masing
ngagambarkeun jiwa laguna , misalna nuju sedih kingkin, nuju birahi, nu rek
medal ka medan perang jrrd

Ke urang korehan heula kanjut kundangna, maklum basa sok kakacapian teh
tahun 88

----- Original Message -----
From: "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Sunday, December 18, 2005 6:18 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] cianjuran jeung kacapi suling (elmu anyar)


Assalaamu `alaykum,

Waktos di LSS, kungsi maca dina hiji buku ngeunaan Tembang Cianjuran,
nya cenah aya 6 wanda Cianjuran téh:
1. Papantunan
2. Rarancagan
3. Jejemplangan
4. Dedegungan
5. Kakawén
6. Panambih/Sekar Tandak

Bentén hiji sareng sanésna.. abdi kirang apal :)
Punten sugan kang Hepi tiasa pangajelaskeun.

Wassalaam,
-Dian-

On 07/12/05, Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngiring nambihan
>
> Kacapi suling mangrupa instrumen musik kacapi sareng suling kanggo mirig
> kawih atanapi tembang,  tiasa  tembang sunda cianjuran atanapi kawih kawih
> sunda lain sapertos kakawihan mang koko, oge kawih pop sunda
>
> Tembang sunda cianjuran di bawakeunana teh dua rupa, ngawitan mamaos
> diteraskeun ku panambih,  mamaos = tembang nu teu aya ketukanana , ari
> panambih mah nya kakawihan biasa
>
> Tina mamaos kana kawih panambih biasana mah aya pakemna atawa setelannana,
> mamaos sareng kawih panambih laguna klasik
>
> Degung magrupa instrumental musik kenong goong,kendang jeung nu sanesna,
> osok dipake mirig kawih pop sunda atanapi tembang cianjuran, lamun seug
> mawakeun tembang cianjuran utamana nu dikawihkeun teh kawih panambih, ari
> mamaos mah teu pantes di pirig ku degung
>
> -hepi-
> kapungkur sok ngacapi
>
>
> ----- Original Message -----
> From: kang boim
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 07, 2005 3:27 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] cianjuran jeung kacapi suling (elmu anyar)
>
> Punten ah...
> sakedik nambihan, sigana bedana antara kacapi suling jeung cianjuran teh
> dina lagam atawa wirahma na ari kacapi suling mah lagam na teh
> ngaharib-harib kana rasa gumbira jeung alat musikna ku kacapi rincik jeung
> suling (kadang teu make suling ge tos genaheun) jiga lagu anggrek japati
> jrrd. Lamun tembang cianjuran mah lagam atawa wirahmana teh melas melis
loba
> cekokanana (naon nya istilahna teh) jeung sok ngagambarkeun gerentes
> eusining hate, ari pamirig tembang cianjuran mah ku kacapi indung jeung
> kacapi rincik panerusna + suling (mun teu salah mah sulingna oge khusus).
> punten ah ieu mah rada ngacapruk jeung sabulang bentor, maklum sanes
ahlina
> ukur resep jeung reueus kana kasenian sunda...heheh (nya ari nakol goong
bae
> mah insya Allah...heheh)
>
> Cag...ah, nuhun.
>
> "kudjangs kembar"
> (urut tukang goong)
>
>
> On 12/7/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Hatur nuhun mang Oman,
> >
> > nambahan elmu kuring yeuh, (salah sahiji kauntungan cicing di bakus).
> > Mang, sakitu ge ceuk kuring mah eMang teh ahli he he he he...
> >
> >
> >
> > >
> > > Ngeunaan bebedaan sejenna (jumlah alat musik, cara maenkeunana,
wirahma
> lagu, jst). sumangga anu ahlina dihaturanan sumbang pamadeganana.
> > >
> > > baktos,
> > > manAR
> > >
> > > ________________________________



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke