Kang Rahman,
Hehehe, jigana mah bener tah jalan pikiran salira teh, yen: "Upama basa Indung geus maher, diajar basa nasional jeung basa asing baris hampang". Naon hujahna? Paling heunteu aya pamanggih anu bisa dijadikeun pamuntangan kana eta pamadegan. Cenah ceuk salah sahiji aliran dina dunya atikan, aya kacindekan, yen proses gumulungna pangaweruh manusa teh dihasilkeun tina pangaweruh samemehna. Persis cenah jiga maen lego, geuning wangunan-wangunan anu komplek bisa dihasilkeun tina wangunan primitif anu leuwih leutik. Geura we toong, apan ari kamaheran basa teh umumna sok diwincik jadi, kamaheran: ngareungeukeun, maca, cumarita, jeung nulis. Upama urang geus boga kamaheran nu opat eta dina hiji basa, asana bisa jadi modal nu lumayan pikeun diajar basa sejenna.
Ngan hanjakalna, upama urang noongan buku pangajaran basa Sunda kiwari, aya hiji komponen kamaheran basa nu kurang kapalire. Nyaeta kamaheran NGAREUNGEUKEUN. Kuring tacan manggihan buku, atawa bahan ajar sejenna anu ngamekarkeun kamaheran ieu. Nu matak teu aneh, nepi ka ayeuna perkara kumaha ngabedakeun sora e (jiga sora e dina frasa "perepet jengkol"), e (jiga dina sora e dina frasa "beretek lumpat"), jeung eu nepi ka ayeuna masih keneh jadi masalah. Kuring boga kacuriga, akar masalahna kulantaran dina pangajaran basa Sunda, tacan aya usaha ngalatih kamaheran NGAREUNGEUKEUN.
Padahal sabenerna hal ieu teu kudu masalah. Upama kamaheran NGAREUNGEUKEUN geus kalatih, asana teu kudu eta e nu dua teh, make jeung nu hijina kudu dicurekan. Tinggali we basa Inggris, apan kecap "book" dibacana jadi "buk". Dina basa Inggris mah loba kecap jiga kitu teh. Teu jadi masalah ieuh. Tapi kulantaran biasa dilatih dina perkara NGAREUNGEUKEUN tea. Jadi teu aya masalah. Padahal dina basa Sunda mah, ukur tilu vokal eta nu kudu diregepkeun beda sorana teh.
MH
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya, wilujeng wayah kieu!
Tuh... apan batur mah nepi ka kitu geuning. Usul... sakola SD kudu diwenangkeun make panganteur BS! Mun henteu nya diwajibkeun oge teu nanaon. Ti semet SMP ka luhur kakara make BI.
Sigana mah bakal alus hasilna. BS alus, BI bisa alus oge lantaran diajarkeun make basa indung... atuh basa asing sejen na oge kabawa bisa alus deuih. Sabab, kumaha rek gampil diajar basa deungeun lamun basa na sorangan ramijud. Bener teu?
Henteuuuuu! ;))
baktos,
Rh
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.