Baraya saampar jagat,
Sakeudeung deui baris datang bulan Rayagung. Pikeun urang Sunda hususna, jigana umumna mah pikeun kawasan Asia nu rahayatna gereyek ku muslim, seueur patalimarga kahirupan nu dipakitkeun jeung ieu bulan. Salian ti bulan pikeun munggah haji ka baetullah, oge BULAN PNGANTENAN. Duka kumaha dongengna, unggal tiap bulan Rayagung, utamana di pilemburan,  seueur nu ngadon ngarawinkeun.

Tah, pikeun ngareuah-reuah ngabageakeun datangna ieu bulan, bari sakalian KAMPANYEU REUEUS SUNDA, kumaha upama Kusnet ngayakeun PASANGGIRI JAGAT MAYA. Tajukna urang teruskeun edisi surat ktresna Kang Syam jeung Teh Siti. Singketna mah ngayakeun  PASANGGIRI SURAT KATRESNA. Pesertana mah kenging saha wae, salian Kang Syam ka Teh Siti, tiasa oge Kang Oman ngintun serat katresna ka Teh Tien. Hehehe. Kumaha baraya sapuk teu?

Naon mangpaatna? Asana loba mangpaatna. Salian miara basa, oge pikeun mecak kamaheran basa.

Baktos,
MH



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke