Mang Hasan, hatur nuhun kana perhatosanana, saleresna susu-ratan cicin-taan eta teh, kenging diwaler kunu sanes, saha nu terang tibaraya sanes aya nu langkung ngaguluyur. Komo bade dipeunteun mah prung ah. Urang sami-sami diajar cocoretan, nya upami aya nu lepat urang silih lereskeun. Satuju mang, komo aya hadiahan mah langkung sumanget heu heu heu...!
SR
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Thursday, December 08, 2005 8:20 AM
Subject: [Urang Sunda] Ngabageakeun RAYAGUNG

Baraya saampar jagat,
Tah, pikeun ngareuah-reuah ngabageakeun datangna ieu bulan, bari sakalian KAMPANYEU REUEUS SUNDA, kumaha upama Kusnet ngayakeun PASANGGIRI JAGAT MAYA. Tajukna urang teruskeun edisi surat ktresna Kang Syam jeung Teh Siti. Singketna mah ngayakeun  PASANGGIRI SURAT KATRESNA. Pesertana mah kenging saha wae, salian Kang Syam ka Teh Siti, tiasa oge Kang Oman ngintun serat katresna ka Teh Tien. Hehehe. Kumaha baraya sapuk teu?

Naon mangpaatna? Asana loba mangpaatna. Salian miara basa, oge pikeun mecak kamaheran basa.

Baktos,
MH



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke