Lian ti kasus kitu, tangtu aya oge anggota nu ngadaptarkeun leuwih ti hiji alamat surelek ka milis ieu. Misalna si anu, daptar ka milis ieu teh make tilu alamat surelek. teu nanaon, teu aya masalah pisan, estuning sah.
Pikeun nu hoyong, aya cara pikeun milih alamat kirim surelek ti milis, asal boga ID yahoo. Carana kieu...
Buka My Account di Yahoo!, sahingga urang asup ka kaca nu judulna "Yahoo! Account Info". Ti dinya, klik tumbu (link) edit dina lebah MEMBER INFORMATION. Dina kaca nu kabuka ayeuna, aya pilihan EMAIL INFORMATION, tempat urang ngadaptarkeun alamat surelek sejen ka Yahoo! (ALTERNATE EMAIL 1, 2, jst). Mangga daptarkeun alamat2 surelekna. Upami tos kitu, di kaca milis urang bisa milih rek di ka manakeun surat2 ti milis teh, kalawan make hiji kaanggotaan.
Sakitu heula ah, teu kuat hayang ka cai...
--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

