kedah ayeuna keneh kitu ieu di walerna????
mangga atuh eneng geulis, diwaler ku AA ieu serat waleranana......
Kahatur :
Neng Geulis
di pangasoan
Salam Sono tikatebihan,
Neng Geulis, akank ngaraos bingah bungangang hete teh ayeuna mah, gening
eneng teh gaduh paraosan anu sami sareng engkang didieu, satadina mah akank
teh sok inggis ambon sorangan bade wakca balaka tiheula ka eneng
teh.....tapi kuayana ieu serat ti eneng
hate akang jadi blung-blong ti belah mana wae kanggo mapag katresna sareng
kadeudeuh neng geulis...
eta paraosan ten aya ku sami pisan sareng naon anu di raoskeun salami ieu
ku akank, tong hariwang hate akank
mah ngan kanggo eneng nyalira.
enya neng memang urang teh paanggang, pajauh , akank jauh aya
dipangumbaraan...teu tangtu wangsul ka lembur,
tapi dina hate akang tetep ngan ukur aya nami eneng nyalira....ditulis ku
mangsi emas,diukir,.dirarangkenan kadeudeuh
jeung kasono anu salawana nganteng......raga urang nu paanggang teh tapi
ati urang mah tetep cumantel ,
ieuh eneng, sing percaya ka akank geulis,.......tong aya rasa timburu ka
akank, lamun akank keur babarengan jeung wanoja
sejen...omat eneng ulah salah sangka, eta mah estu sadayana oge rerencangan
akank...sanes nu sejen neng ..eta teh
rerencangan akank nu sok nulungan akank dipangumbaraan lamun akank keur aya
dina kasusah jeung tunggara.
bubuhan hirup di pangumbaraan cukleuk leuwung cukleuk lamping jauh ka
sintung kalapa, lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka eneng nu dipikacinta....
neng geulis, hoyong terang naon padamelan akank didieu salami urang papisah
tebih
dina satiap nafas akank nu aya ngan nami eneng, dina unggal lenngkah akang
asa di tuturkeun ku kalangkang eneng,
kitu deui apmi siang salawasna nu kabayang kapiraray ngan saukur raray
eneng, dina bak mandi, dina eunteung,
dina lawang panto, dina lalangit, teu welleh ngabelegbeg gambar raray
eneng.....somawona lamun
datang peuting dina simbut akang oge nu kagambar teh iwal ti eneng.....bray
subuh waktuna hudang nu diteangan ngan ukur
eneng digigireun, sugan enyaan kajadian yen tadi wengi teh sanes saukur
impian...tapi welleh teu aya lamun dirampa...
emh....masih emut pisan akang mah neng naon anu dipilampah ku urang duaan
waktu tepang munggaran.
kabayang keneh tauteup eneng anu anteb asa iuh nu neuteupna, kabayang keneh
kiceip sareng rindatna neng geulis.
waktos teuteupan urang duaan paamprok disusul ku gelenyu na imut eneng anu
marahmay ngahias pameunteu
nu jadi kayas.....moal neng , sing percaya cinta akank moal rek ingkah
balilahan kitu wae....unggal akank deukeut
jeung wanoja sejen oge, eneng mah tetep sok aya digigireun ngabetotan akank
sangkan ulah sulaya....ngenyed kalakuan
akank nu matakmawa mamala......moal neng, Moal..........tresna akank moal
kabagi, rek disagrogkeun ngan ukur jang eneng.
hayu urang ngadu'a babarengan ka Gusti Nu Maha Suci, ku wening ati katresna
urang duaan.....mugia harepan-harepan
urang tinekanan,pasini jadi bukti.....malati anu ligar na ati kasorang dina
wanci nu mustari,campaka anu keur mangkak
na dada nyambuang di singgasana urang duaan dina ditenan kabagjaan....
salam sono,
akank
From: "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]> on 12/12/2005 03:00 PM
Sent by: [EMAIL PROTECTED]
Please respond to gankleboy
To: [EMAIL PROTECTED]
cc:
cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC
Fax to:
Subject:[gankleboy] Re: Serat Kadeudeuh
Nyobian ngadamel serat. Sakantenan nyobian nedunan MH. Punten ieu mah
diajar keneh da tara ngadamel seseratan kanggo kabogoh, biasana nu praktis
we ku sms....hehehe
Akang nu dipikaasih,
Kang, ti saprak urang pasini pakait ati, teu aya deui mung ukur akang dina
hate neng. Najan urang paanggang jauh tapi hate urang tetep caket. Najan
seueur anu darongkap ngarepkeun cinta, tapi ku neng teu dipalire. Asa
nembean ngaraoskeun cinta anu sakieu ageungna, kasono anu sakitu endahna.
Ngagulihga ieu hate dugika bingung kedah kumaha.
Ti saprak pendak munggaran, aya kesan anu moal hilap ku urang duaan. Duka
kunaon waktos harita, neng oge ngaraos gaduh perasaan anu benten. Tapi
harita mah teu diindahkeun da bilih lepat sasangkaan. Teu disangka geuning
akang mah tos nyimpen hate. Mung teu wantun balaka. Tambih kadieu urang
tambih caket. Pami teu pendak sok aya rasa sono. Pami ningal sareng istri
sejen sok aya rasa timburu. Teu nyana geuningan neng oge nyimpen hate ka
akang. Tos sami terang isi hate masing-masing, ahirna urang duaan silih
balaka, silih ngucapkeun jangji. Duh akang, meni asa ngimpi neng mah.
Salami ieu neng nutup hate ka batur. Tapi saprak pendak sareng akang,
sagalana janten benten. Akang tiasa ngubaran kasedih neng. Akang tiasa
ngabangkitkeun deui perasaan deudeuh neng. Aya angin ngahalilir mawa
impian. Aya cinta langgeng salawasna.
Kang, poto teh tos katampi. Ieu ge nuju diteuteup. Duh, meni
nyeblak?.tambah geugeut wae. Disidik2 ti luhur dugika handap, socana,
imutna, teuteupna, komo angkeutna. Salah sawios pamanis dina raray akang
anu paling dipikaresep.
Poto urang duaan bukti gambar diri urang duaan. Nu jadi teuteup minuhan
kadeudeuh. Nu jadi batur dina simpe sareng impenan. Leres saur batur ,
geuningan akang teh kasep meni siga sakti manggulang mangguling, ku
gagahna. Teu sakedik istri anu hoyongeun ka akang, tapi kunaon milih neng.
Naon kaleuwihan neng, padahal neng jalmi teu gaduh, geulis teu sabaraha.
Tapi tiap neng cangcaya, ku keukeuhna akang teu weleh nyarios nyaah sareng
deudeuh ngan ukur ka neng. Aya hate nu mepende, aya rasa ku kacinta. Hate
ieu kabandang ku akang. Panon poe katutup daun sangenge. Matak hariwang
kaasih enggal mulang.
Kang, iraha atuh urang pendak deui di tempat munggaran tea. Tempat nu jadi
saksi paamprokna urang duaan. Didinya hayu urang silih namplokeun kasono.
Silih nyandingkeun kabagjaan. Silih nyiptakeun rasa anu romantis. Urang
anteup paduduan, ngahariring tembang kasmaran, tembang asih panyimpai rasa
urang duaan.
Kang atos heula nya. Sanes neng kirang sono, pami akang lami maca serat ti
neng bilih hilap kana sagalana. Mudah2an wengi engke urang kulem tibra
dihiasan ku impenan anu endah.
Salam sono,
Neng
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/