Wass.Wr.Wb.
 
Kang "Gus" Dur.
Di Garut aya dua pasantren nu kawilang hade. Disebut hade, kulantaran ieu pasantren teh, pasantren terpadu. Santrina salian ti dididik perkara agama oge pangaweruh umum. Jadi salian meunang ijazah pasantren oge meunang ijazah saluyu jeung tingkatan sakolana, MTs/SMP, MA/SMA. Najan tara masang iklan di media masa, tapi santrina daratang di sakuliah Indonesia. Lulusan ieu pasantren insya Allah maher basa Inggris jeung Arab. Kukituna alumnina ditarima ku Universitas-Universitas di Timur Tengah. Pasantrenna asrama penuh, kagiatan diajarna "full-day". Ngan asupna rada kompetitif. Biasana perlu aya rekomendasi ti cabang organisasina.
 
Pasantrenna ieu:
1. Pasantren Darul Arkom, dikelola ku Muhamadiyah. Tempatna diperbatasan antara Garut - Tasik. Baheula waktu kuring ulin ka dinya, Kiai-na beuki udud. Hehehe. Bari ngobrol hayoh we ngebul. Resep ulin kadieu mah, sok disuguhan dodol Picnic.
 
2. Pesantren Persis, dikelola tangtu ku Persis nya. Hehehe. Tempatna di Cipanas Tarogong. Tah nu ieu mah teu beuki udud.
 
Tah sakitu we heula, sugan aya mangfaatna.
 
Salam,
MH

durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Sinareng hormat,

Baraya sadaya di milist urang sunda sareng di milist gangk leboy nu di pikahormat ku simkuring. Dina danget ieu sim kuring nuhunkeun karidoanana baraya sadaya ngabantosan sim kuring nu keur lieur milarian
pasantran anu sae. Sae didieu teh maksadna kahiji pesantren eta henteu aya hubunganana sareng aksi terorisme terus kualitasna oge sae. Dinten
minggon kamari kuring nyobian sumping ka Daarut Tauhiid. Tapi hanjakal didinya teu aya program mondok siga di pasantren nu sejena.

Tah kukituna bilih baraya gaduh referensi ngeunaan pasantren anu sae mugi tiasa ngabejaan sim kuring. Ngarah henteu minuhan inbox baraya sanesna tiasa di japri.

Sakitu di dipikahatur. Neda dihapunten bilih aya kalalepatan.

--
Wasalam,
Durachman
 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke