|
Duh resep sigana tehh upami
nagara urang sapertos M’sia (misalkan :
tong waka sareng nagara nu sejen). Da abdi ge upami tos kesel
kesel teuing macaan berita di
urang (ningali kaayaan di urang),
sok aya emutan
lah “Masa Bodo (kumaha karep)
nagara rek maju rek mundur”,
nupenting mah dapur abdi ngebul,
indung budak tiasa taruang….heheee… Kadang deui sok hoream mulih kalembur
ari tos ngumbara
kieu teeh..upami
teu emut ka indungna si teueul
mah sigana teeh moal mulang-mulang
dugika bosen ge. Komo deui geuning basa kamari bade miang deui ka dieu
( Punten achhh….kasadayana..bilih aya nu kirang merenah,
da et amah ukur unek-unek sim kuring. Tos ah… -----Original Message----- Kahatur: Baraya. Salila 2 minggu (27 Nop-10 Des 2005) kuring ngiring
kursus Change Management di INTAN (Institut Tadbiran Awam Negara) atawa tempat
training keur para pegawe pelayan masyarakat di Malaysia. Sanes bade
ngadongengkeun kamajuan Malaysia, da panginten tos seueur nu uninga, komo
seueur baraya US nu nganjrek di Malaysia. Kuring oge kantos tepang di Mid
Valley sareng MH nyanggakeun titipan buku ti Kang Oman. Materi kursus teu aneh-aneh teuing, tos seueur teori
sareng konsep ngeunaan Change Managemet sareng Learning Organization di urang
oge. Mung bentenna di Malaysia diparaktekeun, teu asal nyarios di ruangan
kelas, dina seminar, atawa acara ngadu bako sejenna. Janten salami kursus, 40%
di kelas, 60% kunjungan ka Kantor-kantor pamarentah federal, state (negara bagian),
sareng Kota. Tina kunjungan eta tiasa katingal kumaha leres2na
pagawe nagri di Malaysia kana didamel ngalayanan masyarakat. Sadayana netepkeun
sasaran kenging ISO, kenging Award, oge World Class. Matak kabita, matak betah.
Oge someah ka semah, motto di unggal kantor: Budi Bahasa Budaya Kita. Pakean
oge sederhana (utamina istri) nu Muslim ka kantor nganggo baju kurung. Benten
sareng kuring saparakanca ti nagara miskin tapi leuwih modis :-). Pamegetna mah
kedah nganggo setelan lengkep. Kuring naros, kumaha ngabangun karakter pagawe nagri
jiga kitu, waleranna, nerapkeun nilai-nilai Islam sareng kaunggulan nilai-nilai
Timur (Jepang atawa Korea) dina padamelan. Janten didamel teh ibadah. Padahal
Indonesia teh nagara nu penduduk Islam na pangseueurna nya, tapi teu tiasa
nerapkeun nilai-nilai Islam dina birokrasi pamarentahan. INTAN tos janten tempat training ti sakuliah nagara di
Afrika, Arab, Pasifik, oge Amerika Latin. Lamun ditingal dina politik mah Malaysia tiasa disebat
soft authoritarian, nu ditujukeun keur kamajuan negara mottona Cemerlang,
Gemilang, Terbilang (kuring sok inget kana motto Siliwangi "Esa Hilang Dua
Terbilang" (naon nya hartosna sareng kumaha nerapkeunna dina sapopoe).
Antara federal sareng state (negeri) oge Kota saling ngadukung. Oge panginten
pemimpinna kuat sareng soleh. Indonesia mah ngeheulakeun demokrasi nu akhirna jadi
democrazy tea, nu matak lieur, da seueur teuing pamimpin, seueur teuing nu
pinter atawa asa pinter tea....:-) Kuring mah betah saleresna di Malaysia teh, maklum teu
ngemutan nyusun APBD, debat sareng DPRD, berita politik nu matak lieur, oge
padamelan sanesna :-). Tos ah sakitu dongengna ngeunaan pamarentahan di
nagara tatangga teh. Punten ka MH, kuring teu kantos pamit. Baktos, ika Yahoo! Shopping |
- RE: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia - unek unek Yosep Hania
- RE: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia - unek unek ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia - unek unek Mia
- [Urang Sunda] --pns-- Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] --pns-- Runa Inawan
- RE: [Urang Sunda] --pns-- Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] --pns-- cep_runa
- Re: [Urang Sunda] --pns-- Tatang Sariman
- RE: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia - unek unek Cecep Wahyu
- RE: [Urang Sunda] Kursus di Malaysia - unek unek Taopik Hidayat

