nya atuh mun tiasa mah di kirangan kang.. kabiasaan eta.. da panginten matak ngiring males ngaheureyan akang ge meureun asa dilecehkeun ku akang panginten...
bigguy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring boga kabiasaan goreng nu rada aheng, anehna
deuih, hese pisan hayang ngeureunanna teh. Hobi sim
kuring nyaeta; ngaheureuyan jelema borangan. Saha bae
jelemana, lamun kuring apal manehna borangan, sok
tuluy 'ateul' hayang ngaheureuyan.
Rupa-rupa kalakuan kuring ngaheureuyan jelema borangan
teh, nyieun popocongan tina guguling jeung mukena mah,
jadi 'jurig hulu' mah, make telepon mah, ah rupa-rupa
we.
Ngan...nyeta, mungguh Gusti ALLAH mah Maha Adil,
tiap-tiap ngaheureuyan nu borangan teh pasti we aya
wawalesna.
Wawalesna rada aheng deuih, kuring diheureuyan ku
jurig nyaan!!! Rupa-rupa nu ngaheureuyanna teh deuih,
nu pikasieuneun mah, nu pikagilaeun mah, nu
pikasebeleun mah, malah mah nu matak bogoh ge kungsi.
Nu terakhir disebutkeun mah kuring moal nolak mun
diheureuyan deui ku nu kitu mah....emh Gusti, eta
dadamelan Anjeun, meuni endah kitu :)
Dian Satrowardoyo wae mah lewat atuh......:D
Hanjakal we....beda 'species', mun heunteu mah......;)
Tapi kuring yakin yen nu ngaheureuyan teh bangsa Jin,
lain jurig. Sarua deuih nya, nu kitu ge raresep
heureuy, sakapeung mah sok leuwih lengger heureuyna
teh. Sakali mangsa mah, keur tibra - tibrana sare,
suku kuring sabeulah aya nu ngajungjungkeun. Barang
beunta, suku kuring dibeubeutkeun, jeduk weh keuneung
kuring diadu kana tungtung ranjang. Linu tah karasana,
ari nyeri mah heunteu, nyeri keneh hate kuring nu
ngarasa kaganggu. Saha nu teu nyeri hate atuh, keur
tibra aya nu ngaheureuyan? Jaba teu katempo
saha-sahana mangkeluk nu ngaheureuyan teh.
Tapi tetep, kuring teu bisa ngeureunan kabiasaan
kuring. Nu aya mah....kalah beuki angot.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Wassalam
Nenny
"Nineung Pisan Ka Lembur Kuring"
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

